14 February 2015

Kumpulan Sajak Rizki Sanjaya Masbox

Alam Dunya

kaéndahan ieu teu haratis

dibayarna ku tanggel waler


urang nu jadi panata calagarana

urang nu nangtukeun kumaha tungtungna

Jatinangor, 2014


Bajing

lulumpatan

luluncatan

tina hiji tangkal

ka tangkal lain

nyokotan banda batur

dibagikeun

dipuji

nalika tanggah

tijalikeuh

paéh

euweuh nu muji

Bandung, 2015


Hiji Mangsa

*jeung pidibaiq

ayeuna hirup geus masing-masing,

teu kudu mikirkeun jalma di gigireun.

lamun urang cicing waé teu kabéré,

mun teu kabéré mendingan cicing waé.

Jatinangor, 2015


Hiji Ogé Maung

sakali maung, maung satuluyna

dék aya sabaraha maung gé di Bandung

haté mah angger ka Maung Bandung

Bandung, 2012


Hujan 1

euweuh, careurik.

aya, careurik.

enya, popoéan can diarangkatan deuih!

Bandung, 2012


Hujan 2

der turun paudag-udag jeung baladna.

pék tah.

titeuleum!

Bandung, 2012


Imah Pangumbaraan

di ieu imah: urang diajar

di imah ieu: urang diajar

lain ngan di ieu imah

Jatinangor, 2014


Lalakon Kuring

hirup mah kudu dijieun babari

tapi angger kudu boga taki-taki

sakali metu kudu jadi

meunang widi, tangtu moal jalir jangji

siga gula jeung kopi

najan béda, bisa ngahiji ku cai

siga kuring jeung salira

mun ngahiji, moal weléh silih jagi

Jatinangor, 2014


Kajadian

basa nu kawasa bisa maréntah

loba jalma ngan saukur nunutur paréntah: urang?

palias teuing

Jatinangor, 2015


Ngadu Jajatén

popolotot

poporongos

silih dengkék

silih sebrét


nalika hudang

paéh

kasilih ku junti

Bandung, 2015


Ngadongéngkeun Kahayang

hiji gurat nu teu kaharti

mawa implengan nu dipihayang

lir ibarat Adam jeung Hawa

diturunkeun ka leuweung geledegan

lir ibarat patlot jeung keretas

kudu nunutur kumaha kahayang urang

Jatinangor, 2015


Pamass Moro Bueuk

ku ieu cara, urang manggih jalan

ku ieu cara, urang nambah babaturan

ku ieu cara, arurang bisa babarengan

najan salah,

aya mangsana urang eureun.

Jatinangor, 2014

3

Pasrah

titinggal karuhun lain jang diruksak.

abong boga kawasa bisa ngabukbak sagala.

asa hirup dinuhun, paéh dirampés.

Jatinangor, 2014


Hurip Mahasiswa!

.

Jatinangor, 2013


Titilaras

aya mangsana urang di luhur,

aya mangsana urang di handap,

reup, lampu pareum.

Jatinangor, 2014


Tunggul Karahayuan

harita sagala ngeunah

basa kuring dititimang,

ayeuna kangeunah éta leungit

basa anjeun tilar dunya

Jatinangor, 2014


Élmu Sangsara

élmu nu ditéang

moal matak jadi daging

lamun

teu diamalkeun

Bandung, 2015


Seuneu

ieu carita

lain saucap-ucapna

lamun kuring hurung ngabebela

moal burung ngabukbak sagala

Bandung, 2015


Bandung

moal bohong

lamun kuring nyebut Bandung

puseur patamanan kiwari

Bandung, 2015


Adil

teu goréng

embung hadé:

sigar tengah

Bandung, 2015


Keur Ijroil 1

kuring teu sieun

ka manéh

lamun enya sieun

angger

teu ngaruh keur rahayat

Bandung, 2015


Keur Ijroil 2

salian manéh

saha deui nu bisa

maténi urang

pajabat nu korupsi

Bandung, 2015


Lindeuk Japati

anjeun

lindeuk japati

matak handeueul

lamun teu dipiistri

Bandung, 2015


Tungtung Dunya

sora manuk remen ngahariring

saacan astana dileyek.

gunung-gunung mangrupa gedong

saenggeus dipugaran.

ka mana urang balik?

Bandung, 2015


Ngabeungeut Dua

unggut-unggutan

di hareupeun batur

tukangeun mah

ngabudi ucing

Jatinangor, 2015


Introspéksi

mikiran eusi beuteung wungkul mah moal aya tungtungna

sarua jeung mikiran nagara, bari teu boga kawasa

alhamdulillah

alhamdulillah

Bandung, 2015