Isuk-isuk barudak keur ngarumpul handapeun tangkal. Aya cikopi, udud, goréngan, jeung sajabana.
Ngarariung. Aya nu sasarap, ngerjakeun tugas, lolobana mah ngawangkong ngalér-ngidul.
Barang wanci asup ka kelas, haté ngadadak eundeur. “Dék milu guyub moal?” ceuk salah saurang bari ngaléos. Kereteg “Urang panceg milih kénca!”.
Barudak séjén arasup kelas.
Bandung, 27 Juli 2013.