16 July 2019

Carpon: Kado Milangkala Acéng





Unggal Persib maén, Acéng jadi budak nu pangsumangetna di lembur. Unggal warga nu papanggih jeung manéhna, langsung dibéjaan lamun aya Persib maén téh, malah sok sagala nyaram ka nu dék ngumpul atawa barang gawé gé. Teu paduli nu disanghareupanana leuwih kolot gé, pokna “Kaang! Hantem waé lalajo pupulitikan, éta geura pindahkeun ka Indosiar, Persib keudeung deui maén!”
Perenah hiji mangsa kolotna gogodeg bari ambek, “Sacéng ari ilaing waras! Kolot éta téh! Ustad! Bet sagala diulahkeun dek pangaosan di masigit gé!” dicarék modél kitu Acéng ukur ngagerenyem, teu ngalieuk-lieuk acan.
Acéng nu ayeuna nincak kelas 2 Sakola Dasar, poé ieu pisan nincak yuswa nu ka salapan. Bapana mah miboga maksud hadé keur éta budak, cenah “Sacéng, hayu ka Bandung! Urang lalajo si Maung Bandung!” atuh teu barang lila, harita kénéh méméh salat Subuh Acéng beberengkes mawaan sagala ka kantongna. Baju salin mah dua potong teu poho potrét Febri meunang meuli di Pasar Pamarican diasupkeun ogé kana kantongna. “Hih, ari budak lainna geura Subuh heula ka masigit!” ceuk Bapana bari nyipratkeun cai kana rarayna.
Kacaritakeun Acéng jeung Bapana nepi ka Stadion Si Jalak Harupat saatos salat Isa. Ngahaja meunang ngitung éta gé, méh teu lila teuing nungguanana. Atuh ku kabeneran pisan deuih, Bapana Acéng téh boga sobat basa harita masantrén di Soréang. Nya sakalian wé milu heula ngabatalan ogé mihapé motor di teun Mang Aman, katambah asa kapopohokeun geus sabaraha taun teu panggih jeung Mang Aman téh.
“Geus gedé deui budak téh!” ceuk Mang Aman basa kuring mimiti nepi ka imahna.
Barang nepi Stadion Si Jalak Harupat, Acéng nu kakara nempo Stadion sakitu agréngna teu ngiceup-ngiceup acan barang sakeudeung, Bapana ngaharéwos “Yeuh, Jang, jaman Bapa mah mun Persib maén teh di Kota, leutik deuih Stadion boga Kodim mah!”
Acéng beuki sugema. Asa diulangtaunkeun. Kitu sotéh rumasa manéhna leuwih unggul batan jaman Bapana harita sok lalajo keneh.
            Geus sababaraha balikan Acéng jeung Bapana puputeran ngurilingan Stadion, teu gedé kahayang Acéng jeung Bapana mah, néangan karcis! Tapi ti sababaraha puteran éta, geus sababaraha balikan tatanya ka batur sakurulingeunana, angger teu manggih jawaban. Malah teu saeutik nu ngomong lamun maranéhna gé sarua néangan tikét keur lalajo. Rumasa panasaran, Bapa Acéng nanya ka panitia nu aya deukeut pager asup ka Stadion “Pa, punten, ieu abdi sareng murangkalih ti Ciamis hoyong lebet ka jero. Nanging teu mendakan nu icalan tikét geuning.” ngadéngé Bapa Acéng nyarita kitu, éta panitia kur ngawaler “Aduh, Pa, ayeuna mah moal mendakan nu icalan tikét deui. Ayeuna mah, ogé ka payunna lalajo Persib teh kedah ngaliwatan sistem online.” Bapa Acéng ngarti palebah dinyana mah, satuluyna tungkul, bingung dék nyarita kumaha ka budakna.
            “Jang, geuning ayeuna mah nu lalajo téh kedah kelas 6 Sakola Dasar heula, nya!”
            “Ah maenya, Pa?” ceuk Acéng.
            “Ih, puguh enya, Jang!” waler Bapana.
            Ti dinya Acéng ngahuleng heula saheulaanan, teu lila ngajawab deui ka Bapana “Atuh urang lalajo di teun Mang Aman waé yu, Pa!” ngadénge budakna ngomong kitu, Bapa Acéng bingung kudu ngajawab kumaha. Barang Bapana keur mikir, Acéng nyeluk deui, “Acéng mah ku datangna ka dieu hungkul gé bungah, Pa! Sugan ké pas kelas genep Acéng bisa nyaksian Febri Hariyadi bareng jeung Bapa deui, nya!” ceuk Acéng bari sumanget.
            “Muhun kasép, sugan kayuswaan ku Bapa, nya!” ceuk Bapa Acéng na jero haté.

Bandung, 2019.

Dimuat di Manglé No. 2737.

1 comment: