SURAT PANGANTEUR
PASANGGIRI NULIS CARPON TANGARANGINAS 2016
*Ku
Rizki Sanjaya
Hiji deui
hal nu beurat nyampeurkeun kuring. Asa héjo kénéh rarasaan mah, komo basa
ditawaran ku sadérék Agung Gumelar jadi salasahiji juri dina “Pasanggiri
Tangaranginas 2016”. Éta obrolan lumangsung di Blue Stage, Kemis
15 Séptémber 2016. Harita kuring ngan bisa ngawaler “Mun euweuh-euweuh teuing mah
teu nanaon, Gung!”, teu disangka geuning éta obrolan téh manjang. Cunduk kana
waktu ninggang kana mangsa, manéhna ngasms ka kuring leuwih-kurang sabulan ti
basa ieu obrolan dimimitian. Eusi éta sms maheutkeun lamun enya kuring nu kudu
ngajurian dina éta pasanggiri téh. Kuring sapuk.
Dina ieu
peuting pisan kuring namatkeun ieu panganteur. Rumasa sapopoé lamokot késang
nyanghareupan pagawéan nu can perenah dialaman saacanna; enya pagawéan enyaan, nguli
di puseur Nagara. Ku kituna, simkuring neda pangampura ka sadaya panata
calagara, hususna sadérék Agung lamun ti mimiti prung nepi réngséna ieu
pasanggiri kuring loba pisan salahna. Teu ari diniatan ngantep ieu pancén mah, komo
teu dianggeuskeun mah. Da enya, haté mah teu bisa dibobodo, najan kumaha waé,
ieu pancén geus jadi hiji kawajiban nu kudu dianggeuskeun.
Alhamdulillah
naon nu dipancénkeun ka kuring dina ieu pasanggiri parantos lekasan. Pamugi teu
aya nu dirugikeun tina samudaya katangtosan nu parantos dijieun.
Ngeunaan
“Pasanggiri Tangaranginas 2016”, ---baheula “Tangaranginas” hungkul--- aya
sababaraha katégori di jerona: Pasanggiri Nulis Sajak, Pasanggiri Nulis Carpon,
Pasanggiri Nulis Fikmin Bodor, Pasanggiri Gambar Foto, jeung Pasanggiri
Kaligrafi Aksara Sunda. Tina sababarah nu dipasanggirikeun, kuring dibéré
pancén ku Agung jadi hiji-hijina juri dina Pasanggiri Nulis Carpon. Saenyana
mah jadi hiji-hijina juri téh gedé pisan risikona. Ti mimiti sangkaan subjéktif
mah, atawa kumaha karesep nu jadi juri. Tapi di dieu kuring nyobaan sangkan
sagala sangkaan éta teu kalaksana.
Ieu
pasanggiri diayakeun ku Majalah Tangara Pamass; hiji-hijina majalah
internal mahasiswa Sastra Sunda Unpad. Panaratas ieu pasanggiri nyaéta
réngréngan ais pangampih Majalah Tangara Pamass dina mangsa sadérék Nova
Sulaéman jadi pupuhuna dina taun 2013. Ieu pasanggiri ti baheula dihaja
gelaranana diayakeun padeukeut jeung runtuyan “Puncak Poé Pamass”. Nu matak
diniatan kitu gé apan “Puncak Poé Pamass” téh salasahiji média keur sadaya
mahasiswa Sastra Sunda Unpad pikeun némbongkeun pangabisana. Dina éta gelaran
ogé para pinunjul ieu pasanggiri sok dibéwarakeun. Balik deui kana ieu
pasanggiri, ceuk sakuringeun mah ieu pasanggiri téh lain saukur jadi wadah keur
mahasiswa nu boga minat ngarang. Leuwih ti éta, geus jadi hiji kawajiban keur
sadaya mahasiswa Sastra Sunda Unpad pikeun miluan ieu pasanggiri. Geus jadi
hiji kawajiban lamun urang meunangkeun hiji élmu kudu dibarengan ku ayana bukti
katut tatapakanana. Nu matak ieu pasanggiri ceuk sakuringeun mah pas pisan
lamun jadi keur midangkeun pangabisa arurang salaku mahasiswa Sastra Sunda
Unpad; puguh ari haratis mah.
***
Dina
Pasanggiri Nulis Carpon, aya 9 judul nu katarima ku panata calagara: (1)
“Malati” karangan Ahmad Soléh (2) “Katempuhan” karangan Dédé Héryanti (3)
“Jungkir Balik Kahirupan Mang Tono” karangan Fitri Nurmalasari (4) “Tangkal
Kalapa jeung Tuna Nétra” karangan Handayani SR (5) “Nyangreud Srangénge”
karangan Hayatul Fauzi (6) “Asih” karangan Nawwaroh Ardiyah (7) “Dipetik ti
Girang” karangan Saléhudin (8) “Ki Sobat” karangan Sandi Setiawan, jeung (9)
“Ngaronda” karangan Yogi Sulaéman. Najan kitu, najan nu katarima téh aya kana 9
judul. Nu bakal dipeunteun jeung nu bener-bener boga hak pikeun dipeunteun mah
ngan aya 4 carpon. Naha bisa?
Palanggeran
téh aturan. Ari aturan téh kudu diturutan. Sing saha waé wani nyalahan aturan,
umumna bakal meunang hukuman. Kitu ogé dina ieu pasanggiri. Sing saha waé teu
ngagugu kana palanggeran nu geus dijieun, éta karya boga hak pikeun teu
dipeunteun. Palanggeran dina ieu pasanggiri, anu kuring apal nyaéta: (1) Téma
ieu pasanggiri nyaéta “Kahirupan Rumaja” (2) Panjangna carita 3-8 kaca (3)
Carpon ditulis nganggo basa Sunda nu merhatoskeun katangtosan kekecapan Sunda,
contona: é, e, eu, (4) Aksara nu dipaké nyaéta Times New Roman, ukuran 12, spasi
1,5 (5) Hiji pamilon hiji carpon, dilengkepan ku idéntitas nu jéntré (6) Carpon
teu aya unsur SARA atawa pornografi. Tina sababaraha palanggeran nu dijieun,
tong waka kana aturan nu ka genep. Ti aturan ka tilu gé geus mimiti teu
ditarurutan. Tapi sakali deui, iwal ti juri nu boga hak jeung kawijakan dina
meunteun mah.
Dina carpon
“Asih” karangan Ahmad Soléh kuring nempo lamun Asol ---kuring biasa nyebut
kitu--- kurang konsistén dina nyebut lalandian. Kaciri pisan lamun manéhna teu
panceg dék nyebut ngaran langsung, atawa maké landian “Néng”. Teu salah lamun
éta ayana lain dina dialog mah. Tapi, lamun dina dialog mah loba alusna ulah
kitu. Jeung teu kudu nepi tamat maca éta carpon mah. Ti bubukana gé geus
dimimitian ku kalimah “Ayeuna kuring geus nincak umur 26, meureun geus ampir
kana 27 mah”. Ceuk kuring fatal pisan lamun manéhna nyebut umur dina katégori
carpon nu témana kahirupan rumaja. Jadi moal aya istilah nyumputkeun idéntitas
tokoh dina jero carita. Geus mah dijéntrékeun, ditundana dina bubuka deuih.
Ayeuna supaya
teu jadi padungdengan, urang paheutkeun ari nu disebut rumaja téh umur sabaraha
nepi sabaraha? Tina hiji éséy, kaum psikologi boga pamadegan lamun mangsa
rumaja téh dimimitian ti umur 10-12 taun jeung anggeus di umur 18-22 taun.
Hartina lamun dibawa kana mangsa di mana masarakat Indonésia sakola, bisa
dihartikeun dimimitianana mangsa rumaja téh ku budak pantaran kelas 4-6 SD nepi
mahasiswa nu geus satengah atawa nu kaasup seméster ahir di kampusna.
Carpon Dédé
Heryanti nu judulna “Katempuhan” gé sarua waé. Asa jajauheun kana carita rumaja
mah. Dina éta carpon dicaritakeun ngeunaan kakandungan jeung KUA. Najan teu
ilahar, tapi urang salaku juri kudu maluruh heula lamun dina ieu carpon, aya
dina umur ka sabaraha Anwar salaku tokoh utama? Sanggeus dibaca deui,
dicaritakeun lamun Anwar dina ieu carpon teu nuluykeun sakolana, ogé teu boga
ijazah SMA-SMA acan. Sanggeus kitu dicaritakeun ogé lamun Anwar di mangsa ka
tukang kungsi bobogohan 4 taun, ogé tunangan 2 taun jeung Dilla; hiji wanoja nu
dicaritakeun nyaaheun pisan ka Anwar. Ayeuna urang nempo deui palebah Dilla nu
kudu nuluykeun sakola ka Walanda, “Dua bulan ka tukang saacan Dilla nuluykeun
sakolana,”. Nya kirang langkung jalma nu nuluykeun sakola mah geus aya umuran
meureun. Nuluykeun di dieu téh nyaéta nuluykeun kuliah Strata-2. Katambah asa
kabuktian ku kaayaan lamun Anwar jeung Dilla téh kungsi bobogohan jeung tunangan.
Carpon Fitri
Nurmalasari, jeung Handayani SR komo deui. Dua carpon ieu boga tokoh unggulanana
masing-masing. Fitri nu méré judul “Jungkir Balik Kahirupan Mang Tono”
nyaritakeun hiji jalma nu miboga sipat hayang nyilakakeun batur keur ngudag
hiji posisi alus di hiji pausahaan. Dicaritakeun ogé lamun tokoh utama dina éta
carpon téh geus boga pamajikan. Atuh ari kitu mah geus teu kudu ditamatkeun deui
macana gé. Hiji deui, ieu carpon panjangna teu leuwih ti dua kaca. Naon nu kudu
dipariksana?
Carpon
Handayani SR ogé sarua di handap tilu kaca. Lian ti éta caritana gé asa geus
mindeng pisan maca. Carpon Handayani nyaritakeun dua jelema nu teu bisa nempo
---lolong--- keur ngala kalapa. Nalika nu hiji naék, jol aya sora nu murag ti
luhur. Nu murag di dieu lain kalapa, tapi jelema lolong anu hijina deui, anu
keur naék kana tangkal kalapa.
Carpon Yogi
Sulaéman, najan panjangna geus asup palanggeran, caritana alus, tapi angger wé
teu nyaritakeun kahirupan rumaja. Mimitina mah kuring bakat ku pogot macana gé,
tapi nalika disebutkeun yén nu keur ngaronda téh hiji sopir jeung hiji anggota
déwan. Atuh angger wé jajauheun kana téma. Padahal gaya basa jeung jalan
caritana geus alus.
Tina 5 carpon
nu geus diguar, sakapeung sok hayang malik nanya lamun geus nyanghareupan
pasualan siga kieu téh. Sabab nu salah téh leuwih ti satengahna! Naha enya
kurang sosialisasi ti panata calagarana? Atawa enya mahasiswa ayeuna mah tara
merhatikeun palanggeranana? Atuh pantes wé beuki ayeuna, beuki loba jalma nu
nyalahan aturan. Apanan palanggeran anu sakitu jelasna gé diantep jeung teu
digugu. Sok sanajan kaayaanana siga kitu, kacida lamun kuring teu méré aprésiasi
ka 5 judul nu ditulis di luhur. Sabab nyutat tina cariosan Lili Suparli mah,
“karya nu goréng nyaéta karya nu teu dipintonkeun”.
Ayeuna urang
mimitian ngaguar 4 carpon sésana. Opat carpon anu ceuk kuring mah geus
nyumponan palanggeran nu geus dijieun. Opat carpon ieu ogé nu bakal jadi calon
pinunjul Pasanggiri Nulis Carpon. Opat carpon ieu nyaéta: “Nyangreud Srangéngé”
karangan Hayatul Fauzi, “Asih” karangan Nawwaroh Ardiyah, “Dipetik ti Girang”
karangan Saléhudin, jeung “Ki Sobat” karangan Sandi Setiawan.
Nalika maca
carpon beunang Nawwaroh Ardiyah, kuring resep pisan. Asa balik deui ka mangsa
kuliah nu teu loba pikiran. Hiji-hijina kacapé téh nalika loba tugas jeung
nyieun urang balik peuting ka kosan. Bubudakeun deuih tokoh nu dicaritakeunana.
Kungsi rada muringkak, da carita di jerona nyaritakeun si Asih nu disangka
jurig. Tapi asa lebar. Kurangna tina ieu carpon nyaéta paragraf nu ditulis
paranjang teuing. Ceuk kuring mah dialog anu aya dina carpon kudu langsung kana
intina. Béda carita lamun nu panjangna téh palebah narasi. Pan ieu mah palebah
dialog. Lian ti éta, loba kénéh éjahan nu anéh, salah foném mah, ogé palebah
nyaritakeun kaayaan ku rupa-rupa sora; asa teu asup kana logika nu maca, asa teu
asup kana imajinasi nu maca. Kabayang sih, tapi sakapeung mah sok nyieun nu
maca kudu kerung heula, sabab ku teu kabayang téa keur nyapertikeun sora naon.
Carpon “Ki
Sobat” karangan Sandi Setiawan ogé asup kana katangtuan nu dijieun ku panata
calagara. Dina ieu carpon Sandi nyaritakeun kahirupan budak SMA. Konflik nu
dicaritakeunana gé rumaja pisan. Nu jadi catetan, dimimitian tina kolom ka
tilu, kuring langsung apal kumaha tungtungna ieu carpon. Bener waé, nalika ieu
carpon tamat dibaca naon nu dibayangkeun téh teu bener pisan jeung nu geus
dibayangkeun. Sarua pisan jeung nu dipikahayang. Keur Sandi, urang apal lamun manéh
apal nu dimaksud horizon harapan. Éta geuning hiji gaya nulis carita anu
tungtung caritana dijieun teu sarua jeung nu dipikahayang nu maraca. Ari ceuk
kuring mah teu nyalahan upama engké deui mah nyobaan nyieun carita nu siga
kitu. Apan nyieun batur kerung téh hiji kahadéan. Sahenteuna nu maca geus
diajak mikir jeung geus diajak leuwih fokus kana eusi caritana. Ari siga kieu
mah, asa kaduhung teu kaduhung maca nepi tamat téh.
“Nyangreud
Srangéngé”-na Hayatul Fauzi ceuk kuring mah alus pisan. Ti mimiti maca nepi ka
anggeus, kuring asa kabawakeun kana kaayaan nu dicaritakeun ku Hayatul.
Kahirupan rumaja nu kudu nyiar pacabakan dina waktu anu biasana dipaké ulin ku
rumaja séjénna jadi jalan carita nu dipilih ku Hayatul. Ngan hanjakal, loba
teuing kekecapan nu teu kudu diasupkeun kana ieu carpon. Istilah-istilah nu
euweuh hartina. Kasusna siga carpon “Asih?”-na Nawwaroh. Palebah nyaritakeun
kaayaan dina wangun sora, kekecapan nu dipakéna asa kurang merenah. Asa kurang
asup kana imajinasi nu maca. Jadi carita nu geus sakieu alusna, lebar lamun teu
dilengkepan ku istilah-istilah nu pas. Tapi sakali deui, ieu carpon alus pisan.
Komo palebah ngabijilkeun judul di tungtung carita; aing pisan! Lamun kudu subjéktif
mah kuring resep pisan kana ieu carpon, Tul! Tapi aya hiji nu can kasebutkeun.
Salasahiji nu matak ieu carpon kahalangan téh aya dina palanggeran nu dijieun
ku panata calagara, nyaéta “Panjangna carita 3-8 kaca” tapi ku Hayatul dina ieu
carpon dijieun 9 kaca.
Keur kuring
mah nu paling ngagugu kana palanggeran nu dijieun ku panata calagara téh
carponna Saléhudin nu judulna “Dipetik ti Gigir”. Nyaritakeun hiji lalaki,
salasaurang mahasiswa di hiji Universitas anu panggih jeung mawar bodasna
---kitu ceuk Saléhudin dina carponna--- di Perpustakaan nu aya di Kampus. Dadan
---tokoh utama dina carita--- dicaritakeun mindeng pisan ngajaga Perpustakaan,
jeung di dinya ogé kasang tukang konflik dina ieu carpon dimimitian. Tina
susulumputan, jeung silih nanyaan kumaha kaayaan jeung silih ngémutan, ti dinya
ogé beuki aya rasa ti dua mahluk nu dibéré nikmat tresna ti manten-Na. Dina ieu
carpon, naon nu dibaca ti mimiti, naon nu dibayangkeun ti mimiti teu jadi
kanyataan saeutik-eutik acan. Saléhudin ngahaja nyieun nu maca kerung di
tungtung carita, sabab Euis ---wanoja nu disebut mawar bodas ku Dadan--- téh
geus leuwih ti heula dipulung ku batur ti saacan manéhna diwisuda; dua minggu
saacan wisuda pasna mah. “Horéng mawar bodas geus aya nu ngala".
***
Sanggeus
dibaca sababaraha kali, simkuring maheutkeun yén pinunjul ka hiji dina
“Pasanggiri Tangaranginas 2016” katégori Nulis Carpon nyaéta:
Dipetik ti Girang
Hiji carpon karangan
Saléhudin
Ku kituna
geus jadi hak keur Saléhudin pikeun meunangkeun tawis katineung nu parantos
disadiakeun ku panata calagara.
Ogé keur
nyumponan sarat ti panata calagara, nu jadi pinunjul ka dua dina “Pasanggiri
Tangaranginas 2016” katégori Nulis Carpon nyaéta:
Nyangreud Srangéngé
Hiji carpon karangan
Hayatul Fauzi
Ogé kanggo
sadérék Hayatul Fauzi baris meunangkeun tawis katineung anu sami disadiakeun ku
panata calagara.
***
Sakali deui
simkuring neda pangampura ka sadayana, pamugi teu aya nu dirugikeun tina
samudaya katangtosan nu parantos dijieun. Ku sabab kuring mah rumasa héjo kénéh;
hayu urang diajar deui. Tapi ulah ari kawas cai dina daun bolang mah. Wayahna
kudu silih tulungan, silih talingakeun.
Bobo sapanon
carang sapakan. Hurip Pamass! Cag.
Jakarta, 16 Nopémber
2016.
:)
ReplyDeleteKenapa atuh Reno teh :(
ReplyDelete