23 October 2016

Sarjana Anyar: Kritik keur Carpon Dihin Pinasti Anyar Pinanggih karangan Sri Guntari

SARJANA ANYAR

(Kritik keur Carpon Dihin Pinasti Anyar Pinanggih karangan Sri Guntari)


       Basa apal yén carpon nu dimuat dina Tribun Jabar 26-28 April 2016 beunang Sri Guntari, kuring kacida bungahna. Puguh da nu nulis téh sobat kuring pisan di kampus. Najan enya asa boga hutang lamun kuring henteu pisan nilikan carpon beunang manéhna.
Ngomongkeun Sri Guntari mah lain lalakon sacarponeun. Najan ngora kénéh, kabisa ieu murid Hadi AKS dina widang téater jeung maca sajak mah geus lain dongéng budak deui. Ti SMP kénéh Sri aktif kikituan téh, jeung alusna téh nuluy nepi ka ayeuna.
***
Carpon nu dijudulan “Dihin Pinasti Anyar Pinanggih” ceuk kuring mah boga harti sorangan keur nu nulis. Lain waé pédah eusina nyarita ngeunaan pagawéan. Keur Sri sorangan, ieu carpon tangtu boga maksud séjén pikeun ngeretegkeun naon nu keur kapikiran ku manéhna. Sabab antara Sri jeung tokoh utama, duanana gé kaasup sarjana anyar, jeung duanana ogé tangtu bakal nyanghareupan masalah nu sarua ngeunaan pagawéan.
Tokoh utama dina ieu carpon dilandian Ceuceu, sakumaha nu katingal basa manéhna némbalan panitah ti indungna: “Enya, Ceuceu mios. Assalamu’alaikum.”. Ceuceu téh salasaurang wanoja ti Bandung anu dicaritakeun kakara manggih naon nu dipikahayangna di tungtung ieu carita.
Kahayang Ceuceu jauh pisan tina kahayang indung jeung bapana. Ceuceu boga kahayang jadi guru. Basa SMP, Ceuceu panggih jeung hiji guru nu nyaaheun pisan ka manéhna. Éta kanyaah népa ka Ceuceu. Ti dinya mimiti bijil kereteg lamun manéhna kudu jadi guru. Katambah manéhna embung lamun enya engké boga budak kudu ngalaman naon nu karandapan ku manéhna jeung adi-adina ayeuna, éta hal bisa ditempo tina ieu conto: “Ti saprak harita bet aya kahayang jadi guru. Teu harayang teuing jadi buruh pabrik atawa jalma sibuk cara Ema jeung Apa. Karunya ka budak, palias lamun kudu ngalaman kajadian anu karandapan. Geus wé sakuringeun hungkul jeung adi-adi kuring.”
Antara kahayang jeung kaayaan geuning boga jalanna sorangan. Hirup di lingkungan nu nitah manéhna kudu gancang meunangkeun pagawéan, Ceuceu dina ieu carpon nyiar jalan jadi buruh di hiji pabrik di daérah Cikarang Bekasi. Keur indung jeung bapana mah lain hal anéh, sabab dicaritakeun ogé lamun duanana perenah gawé jadi buruh di hiji pabrik nu sarua. Najan enya duanana geus eureun gawé ti éta pabrik, kahayangna lamun budak nu kari nungguan sarjana ieu pikeun nuluykeun hanca maranéhna téh gedé pisan. Nepi mihapékeun ka emangna sagala.
Dimimitian ku prolog nu panjang. Kitu nu katempo tina bagéan kahiji ieu carpon. Éta prolog teu diasupan ku dialog nu loba. Kacutat ngan aya hiji dialog dina bagéan kahiji, éta ogé di tungtung jeung asa dipaksakeun ku rédaksi. Sigana mah ti batan euweuh teuing: “Tong poho lamun geus nepi sms Ema, sing ati-ati ulah kekebutan!” cék Ema. “Enya, Ceuceu mios. Assalamu’alaikum.” témbal kuring.
Keur ieu carpon mah, teu nanaon Sri maké gaya nulis siga kitu gé, sabab nu disanghareupanana apan indungna sorangan, jaba sapangiuhan. Béda deui lamun ieu carpon nyaritakeun batur nu béda asalna. Sabab kalimah langsung dina carpon atawa novel bisa jadi hiji cara keur ngabédakeun asal tokoh dina hiji carita. Pangarang kudu mahér ngulinkeun dialog antara urang basisir atawa pagunungan, lembur atawa kota, cacah atawa bangsawan, jsb. Salian ti nyieun hiji carita karasa leuwih hirup jeung nyata keur nu maca.
Ngeunaan struktur dina ieu carpon, bisa ditempo tina kanyataan nu keur karandapan ku Ceuceu salaku tokoh utama. Karya sastra teu bisa leupas tina latar sosial anu aya di masarakat. Masalah pagawéan tangtu jadi hiji pasualan sapopoé keur sakumna masarakat. Saluareun teks nu ditulis, tangtu batur mah nempona lamun hiji sarjana kudu leuwih unggul sagalana ti batan jelema nu teu nincak sakola di paguron luhur. Boh dina pagawéan, komo hasil nu kaala.
Dina ieu carpon, kuring loba pisan manggih rinéka basa; kaasup judul. Babasan jeung paribasa umumna dihijikeun jeung kalimah atawa adegan nu lain perkara ahéng keur Sri nulis siga kitu téh. Apan tukang seni peran mah moal bireuk deui kana babasan jeung paribasa mah. Umumna naskah drama sok dieusian ku babasan jeung paribasa nu sok dilafalkeun ku hiji tokoh dina hiji adegan. Ngan ari mindeng teuing mah, asa diobral teuing. Da ieu mah lain puisi nu mindeng pisan ngaréka basa.
Bakat ku mindeng teuing, tungtungna jadi asa dipaksakeun ngasup-ngasupkeunana. Contona waé basa Ceuceu keur ngadu’a dina hiji subuh saacan manéhna indit ka panyabaan: “Salila ngadunga cipanon teu weléh kawas cihujan, maseuhan kaayaan nu sakitu nyasaakna kana haté” dina ieu kalimah, paribasa cipanon teu weléh kawas cihujan ceuk kuring mah logikana kurang beunang, komo deui ditambahan ku kecap “maseuhan”. Asa piraku kaayaan bisa dibaseuhan(?).
Lanjut kana éjahan, kuring manggih dua kecap nu sigana poho teu kabenerkeun heula ku nu nulis. Duanana sarua salah nambahan sufiks di tungtung kecap. Apan kecap “gigireunna” jeung “ngerjakeunna” mah lain kecap dasar, jadi lain sufiks “–na” nu dipaké dina éta kecap, tapi “–ana”. Hiji deui, kecap “ngerjakeunana” asa langka dina basa Sunda mah; asa kamalayon teuing.
***
Najan teu siga naon nu dipikahayang kolotna. Ceuceu nu teu ngalakonan paréntah emangna, nyaéta nitah ngasupan deui lamaran ka pabrik maké ijazah sarjana, ayeuna keur ngala buahna.
Najan teu dicaritakeun kumaha pangna Ceuceu bisa jadi guru. Keur kuring mah, masalah spiritual ngeunaan kayakinan (agama) nu dilakonan ku Ceuceu salila ieu bisa jadi hiji hal nu mantuan anu teu dicaritakeun sadayana ku nu nulis.
Milik néangan jalanna sorangan. Di tungtung carita, Ceuceu bisa némbongkeun ka nu maca, lamun manéhna bisa ngahontal naon nu jadi kahayang manéhna ti mimiti, nyaéta jadi guru.
Ieu carpon ceuk kuring mah ngaguluyur caritana, cara jelema nu keur nulis pangalaman sapopoé dina buku. Tapi duka teuing kétang, iwal Sri hungkul nu apal.
Wilujeng, Ci! Reueus.
Bandung, Méi 2016.


Dimuat di Tribun Jabar, 7 Méi 2016.

No comments:

Post a Comment