11 December 2015

Éséy: Puisi Sunda Buhun: Sisindiran

PUISI SUNDA BUHUN: SISINDIRAN
Rizki Sanjaya



Wangun puisi buhun, di Sunda, tangtos waé loba jinisna. Ti mimiti (1) Carita pantun (2) Mantra (3) Sisindiran, nepi ka (4) Pupujian. Ari nu pangkolotna mah nyaéta carita pantun. Carita pantun cara ngamalkeunana dilisankeun. Umumna dina carita pantun buhun, juru pantun dina mawakeun carita kudu disarengan sora kacapi. Carita pantun buhun kudu dibuka ku rajah pamuka, tuluy dipungkas ku rajah pamunah.
Mantra mangrupa puisi tradisional wangun ugeran. Ugeran puisi bakal karasa upama geus dipapatkeun. Dina mantra aya ogé wirahma jeung purwakanti. Eusi mantra dianggap ngandung kakuatan gaib. Raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Dina kamekaranana, mantra ogé aya nu maké kekecapan Arab. Salasahijina dipangaruhan asupna Islam ka Sunda.
Ari pupujian mah mangrupa puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian mangrupa hiji cara pikeun némbongkeun rasa sukur urang ka Gusti nu Maha Suci anu parantos masihan kanikmatan ka sadaya umat-Na. Pupujian tangtu aya pakuat-kaitna jeung bangsa Arab. Apan ajaran Islam mimiti gumelarna di Arab. Biasana pupujian sok dikawihkeun atawa dinadomkeun, jeung sok dibaca di masjid saméméh salat jamaah, atawa dina acara anu aya patalina jeung ka-Islaman.
Ari sisindiran anu siga kumaha? Sisindiran mangrupa hiji wangun puisi Sunda buhun. Sisindiran asal kecapna tina “sindir”, anu boga harti ngomong teu langsung atawa sok dipéngkolkeun heula. Di Malayu aya ogé anu sarua jeung sisindiran, disebutna pantun di ditu mah. Sisindiran mangrupa bentuk puisi sastra tradisional Sunda anu boga “cangkang” jeung “eusi”. Sisindiran ogé mangrupa karya sastra Sunda asli, anu geus aya ti baheula, saacan Islam datang ka urang (Haji Hasan Mustapa, 1913).
Ari pangna ka asup puisi buhun mah, apan sisindiran geus aya saacan abad ka-16. Bareng ayana jeung carita pantun, dongéng, jeung jangjawokan “mantra” (Yus Rusyana, 1969: 11). Bukti ngeunaan sisindiran geus aya saacan abad ka-16 dijelaskeun ogé ku Wahyu Wibisana (2000: 431) naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian méré nyaho ngeunaan wangun sisindiran. Tapi ngajelaskeunana lain dina kecap sisindiran utuh. Dina naskah mung nyebatkeun ayana “kawih sisindiran”. Duka ari maksudna “kawih sisindiran” téh naon, bisa waé disebut judul lagu, bisa ogé mémang niat awal dina ngajelaskeun ayana hiji wangun sastra.
Salmun dina Kandaga Kasusastraan Sunda ngajelaskeun lamun “sisindiran awalna tina kecap “sindir”, anu maksudna “sisi”. Ngomong ku sindir maksudna ngomong anu nyisi, henteu poksang ceplak pahang pikeun ngaragangan anu dibawa nyarita, ngarah omongan urang karasana henteu nyentug kana haté” (Salmun, 1963:55). Salmun ngajelaskeun ogé lamun “sindir” jeung “sisindiran” tangtu béda harti kecapna. Tapi ari pokona mah tetep sarua, nyaéta ngedalkeun maksud henteu saceplakna. Henteu saceplakna ku sabab dibulen ku kecap-kecap karasmén, dipalar pikaresepeun. Lir ibarat bungbuahan tea mah, aya cangkang jeung eusi. Ku ayana cangkang dina bungbuahan, tangtu urang kudu boga usaha mesék heula cangkangna, saacan bisa eusina kaala.
Dumasar tina périodisasina. Numutkeun kamandang ti Haji Hasan Mustapa anu nyebut sisindiran aya saacan Islam asup, jeung kamandang Yus Rusyana sareng Wahyu Wibisana anu nyebutkeun lamun sisindiran atawa kawih sisindiran aya dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian anu aya dina taun 1518 masehi, tangtos waé sababaraha ahli kasusastraan Sunda ieu, parantos nyieun buku ngeunaan périodisasi kasusastraan Sunda. Utamina ngabagi sisindiran dina mangsa nu teu pati béda, di antawisna: (1) R.I. Adiwijaya, anu nempatkeunana dina Jaman Hindu (2) M.A. Salmun anu nempatkeunana bisa di Jaman Hindu, Galuh, atawa Pajajaran --numutkeun asupna Islam ka urang jeung ayana naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian--. (3) Yus Rusyana anu nempatkeunana dina Mangsa Kahiji, --dugi tahun 1600--, jeung (4) Ajip Rosidi anu nempatkeunana dina Jaman Buhun.
Sisindiran umumna dijieun tina opat larik. Bisa kurang, bisa ogé leuwih. Tapi jumlahna mah pasti genap. Sisindiran nyaéta puisi buhun. Matak disebut puisi gé apan sisindiran mah diwengku ku aturan. Tangtos bénten lamun dibandingkeunana jeung sajak mah. Aturan anu aya dina sisindiran nyaéta, ayana “cangkang” jeung “eusi” di jerona.
Sisindiran dibagi jadi tilu bagian, di antarana: (1) Rarakitan (2) Paparikan, jeung (3) Wawangsalan. Tiluanana gé dibagi deui kumaha sipat-sipatna, nyaéta: (1) Piwuruk (2) Silih asih, jeung (3) Sésébréd.
Ayeuna urang guar heula babagian ti sisindiran. (1) Rarakitan nyaéta salasahiji wangun sisindiran nu diwangun ku “cangkang” jeung “eusi”. Hubungan antara “cangkang” jeung “eusi” tangtu kudu sasora jeung kudu murwakanti di unggal tungtungna. Rarakitan diwangun ku cangkang jeung eusi dina jumlah anu sarua lobana dina sabaris. Kecap rarakitan miboga harti saperti “rakit” atawa “sarakit” anu hartina sapasang. Disebut rarakitan téh sabab kecap dina cangkang dipaké deui dina bagian eusi. Rarakitan dina sisindiran mangrupa kawih anu cangkang jeung eusina miboga kasaruaan di unggal barisna.
Ieu conto rarakitan:
Piwuruk
Sing getol nginum jajamu,
Nu guna nguatkeun urat,
Sing getol néangan élmu,
Nu guna dunya ahérat.
            Silih asih
Sapanjang jalan Soréang,
Moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
Moal weléh diakalan.
            Sésébréd
Aya budak mawa casan
Ngan hanjakal teu dibeuli
Aya budak geulis pisan
Ngan hanjakal tara mandi
(2) Paparikan nyaéta salasahiji puisi Sunda bagian ti sisindiran anu diwangun ku cangkang nu teu boga harti, anu dituluykeun ku eusi nu miboga harti aslina. Hubungan antara cangkang jeung eusi saenyana dicirikeun ku hubungan struktural sora jeung pola. Lamun pola sora ti cangkang jeung eusina sajajar, tangtos sisindiran éta disebut paparikan.
Paparikan asal kecapna tina “parik” anu dicokot tina kecap dasar “parék”; deukeut. Jadi, paparikan atawa paparékan boga harti “deukeut-deukeut”. Deukeut di dieu boga harti sora atawa vokalisasi ti cangkang jeung eusina sarimbag. Paparikan mangrupa sisindiran anu saukur deukeut tina sora antara cangkang jeung eusina. Jadi teu kudu sarua kecap mimitina siga rarakitan.
Ieu conto paparikan:
Piwuruk
Aya manuk dina pager
Na sukuna aya bola
Lamun urang hayang pinter
Kudu getol ka sakola
Silih asih
Samping hideung dina bilik
Kumaha nuhurkeunana
Abdi nineung ka nu balik
Kumaha nuturkeunana
            Sésébréd
Daun hiris dibeungkeutan
Dibawa ka juru leuit
Anu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibéré duit
(3) Hiji deui wangun sisindiran téh, nyaeta wawangsalan. Dina sisindiran, wangun wawangsalan béda pisan lamun dibandingkeunana jeung rarakitan atawa paparikan. Wawangsalan mangrupa teteguhan anu umumna dijieun tina dua baris. Baris kahiji jadi cangkang (alat paranti teteguhanana), lamun baris kadua mangrupa rujukan tina teteguhan éta. Dina sababaraha wawangsalan anu mindeng dipaké ku masarakat Sunda, baris kadua mangrupa arti tina baris nu kahiji. Ku ngucapkeun wawangsalan baris kahiji wungkul, nu maké basa Sunda bisa ngarti kana eusina.
Dina wawangsalan, salian teteguhan nu disebutkeun dina baris kahiji. Jawaban tina baris kahiji éta tangtu némbongkeun rupa-rupa jenis kecap. Bisa mangrupa kecap barang, kecap pagawéan, kecap sipat, jeung kecap wilangan. Cara ngajawab teteguhan tina baris kahiji éta bisa ngungkap makna referensial wawangsalan baris kahiji. Dina hiji analisis baris kahiji wawangsalan, bisa dianalisis eusi makna idiomatik nu aya dina wawangsalan.
Ieu conto wawangsalan:
Leutik sotéh katempona,
Bari geuleuh dialana:
Cileuh
***

Jatinangor, 24 Oktober 2015.
Rizki Sanjaya, Sastra Sunda Unpad.

Dimuat dina Galura, Nomer 37, Taun ka-27, édisi II Désémber 2015. 

No comments:

Post a Comment