Mungkir Lain Hiji-hijina Jalan
Senén, 23 Nopémber 2015 kuring
didatangan ku salasaurang sobat kuring di kampus.
Dina éta obrolan, kuring ditawaran ngagarap buku antologi sajak Sunda
Pamass Unpad nu ka-3.
Kuring sapuk. Tapi pas malik nanya saha nu bakal jadi éditorna, kacida
reuwasna basa manéhna nitah kuring anu jadi éditorna. Kholid Abidin nu nitah téh. Sabenerna ditawaran siga
kieu téh bungah pisan. Tapi di sisi lian,
kuring can pernah jadi éditor sateuacanna. Boh dina tulisan sapopoé, komo dina hiji buku mah.
Ieu buku ceuk
Kholid kudu
bérés saacan
kaping 28 Nopémber 2015. Hartina
ieu buku kudu
bérés dina waktu kurang ti 6 poé. Teu lila mikir, kuring nyapukkeun kana
tawisanana. Mugia jadi hiji tarékah hadé keur
urang saréréa.
Dina bubuka ieu, kuring neda widi ka
sadayana. Sabab
di Sunda mah aya paribasa mipit kudu
amit, ngala kudu ménta.
***
Dina waktu 48 jam, kakumpul 41 sajak
Sunda karya wadya balad Pamass. Sabenerna loba pisan nu hayang ngirim téh,
malah aya nu ngirim 10 sajak. Kusabab diudag waktu. Dipancegkeun
waé 41 sajak éta nu bakal minuhan ieu buku.
Sajak dina kasusastraan Sunda, geus jadi hiji wangun tulisan
anu loba dipikaresep. Kitu sotéh da nyieun sajak mah
teu kudu panjang-panjang.
Pondok gé disebut sajak. Najan basa mimiti aya jadi hiji pasualan di Sunda; sabab aya
pihak nu pro jeung kontra.
Tapi teu matak jadi hahalang keur
arurang pikeun nyieun sajak di waktu ayeuna.
Iskandarwassid dina buku Kamus Istilah Sastra nyebut lamun
“Lahirna sajak bébas dina sastra Sunda
kungsi nimbulkeun polémik, antara pihak anu pro jeung kontra kana éta wangun
puisi. Pihak anu narima, di antarana, nyebutkeun yén wanda sajak bébas téh saéstuna
geus gelar dina sastra buhun, upamana dina carita pantun” (Iskandarwassid, 2003: 20). Ayana pro jeung kontra dina wangun
sajak, bisa jadi lantaran sajak mah dijieunna teu maké guru lagu jeung guru
wilangan. Béda jeung puisi Sunda buhun siga
dangding jeung guguritan mah, anu puguh maké
guru lagu jeung guru wilangan dina wangun pupuh. Tapi beuki ayeuna, dangding jeung guguritan geus ditarima jadi hiji kabeungharan anyar di sastra Sunda. Katambah dangding di sastra Sunda ayeuna, kapaké
pisan dina tembang Sunda.
Téddi
Muhtadin, kritikus sastra Sunda, dina disertasina
nyebut lamun sajak mangrupa wangun puisi anyar, sabab sajak mah teu dibeungkeut ku
aturan. Sajak
ogé sok disebut puisi bébas atawa puisi modérn. Lian ti éta, dijelaskeun lamun sajak di Sunda mimiti ditulisna ku Kis Ws dina taun 1946,
jeung mimiti dimuat dina surat
kabar Sipatahoenan taun 1949. Ceuk Téddi, sajak mangrupa
salasahiji wangun puisi anu dipikaresep rumaja jaman ayeuna, sabab sajak bisa jadi hiji cara némbongkeun kabeungharan urang ka
nagara lian.
Dina nyieun sajak, urang kudu
ngaliwatan prosés nu panjang. Sabab dina nyieun sajak, urang kudu bisa
ngadumaniskeun eusi haté jeung kecap nu bakal ditulis. Kitu nu matak ceuk
kuring mah, sing saha waé jalma nu bisa nyieun sajak alus, pasti bisa nyieun carpon nu alus.
Dina antologi sajak Sunda Mungkir, kuring nempo lamun rata-rata mahasiswa ayeuna
ngabagi tulisanana kana opat bagian:
(1) kritis kana lingkungan,
(2) ambek jeung teu narima kana kaayaan,
(3) peurih jeung éndahna rasa cinta, jeung
(4) hideung-bodasna
manusa dina bab kahirupan.
Basa milih judul, kuring bingung nangtukeun judul naon nu bisa ngabeungkeut
kana 41 sajak nu aya di ieu buku.
Sabenerna milih judul téh hiji pasualan nu teu
gampang. Teu bisa langsung ditangtukeun ku ngan sakali
nempo. Saenggeus ditilikan sababaraha
kali, kuring kataji ku sajak
anu judulna Mungkir beunang Adi
Fadli:
Mungkir
lain bodas, lain hideung // teu ka kalér, teu
ka kidul // teu ka wétan, teu ka kulon // teu ka ditu, teu ka dieu
mabniyan
// stagnan
// di mana ieu? // kudu ka mana?
angin nu ngahiliwir // ngajentul, bari muir //
meureun mungkir // ceuk pikir
Dina
padalisan kahiji, dihijikeunana kecap bodas jeung hideung tangtu geus ngawakilan eusi ieu buku. Hakékatna manusa nu hirup di dunya,
tangtu bakal aya di sabudeureun masalah kahirupan. Moal bisa leupas tina
hideung jeung bodasna amalan salila hirup di dunya; tina laku lampahna, tina
pasipatanana, ogé tina cariosanana.
Kecap
“mungkir” dicokot
tina kecap dasar “pungkir”, anu hartina teu rumasa boga dosa. Tina sipatna,
kecap “pungkir” ogé deukeut jeung kecap “ngangles”, anu boga harti bohong jeung teu ngaku kana dosa.
Dina ieu buku, aya sababaraha sajak anu eusina
nyaritakeun jalma-jalma nu mungkir, jalma-jalma nu ngangles, jeung
kajadian-kajadian anu ngagambarkeun kaayaan haté nu nyieun jalan carita.
Kaayaan éta haté, dicaritakeunana aya dina rasa mungkir jeung
ngangles kana hiji pasualan,
atawa kaayaan. Contona dina
sajak Ali Dwi Julianto anu judulna Program
Kiamat. Dina sajakna, Ali ngagambarkeun kaayaan haté anu mungkir tina
kanyataan. Padahal ku ngan cicingna
urang narimakeun kaayaan, komo kaayaan éta kaasup ngarugikeun balaréa, geus
jadi hiji dosa keur arurang. Sabab ku ngantepkeunana urang kana hiji kagoréngan,
arurang geus kaasup ka jalma-jalma nu ngantep, jeung bener ngadukung kana ayana
program kiamat siga
nu dicaritakeun ku manéhna.
Ieu buku
ogé teu tinggaleun dina pasualan cinta, jeung rasa nyaah. Sigana
mahasiswa ayeuna mah moal bisa leupas tina masalah cinta. Da kabuktian, salian
kahirupan, masalah cinta ogé jadi hiji téma nu jadi karesep tina sababaraha
sajak dina ieu buku.
Kritik
kana kaayaan alam,
teu tinggaleun jadi hiji pasualan nu loba dibahas jeung diwakilan ku sababaraha sajak dina ieu buku. Geus kuduna mahasiswa boga
kereteg kana kaayaan lingkungan, kaayaan sosial, jeung naon-naon waé nu geus hakna
urang kritik. Sabab
jadi mahasiswa mah kudu kritis. Apan mahasiswa téh bakal jadi wawakil masarakat
satutasna bérés nyuprih élmu. Lamun urang jadi mahasiswa nu cicing waé jeung sagala narima kana kaayaan, bari kaayaan éta
ngarugikeun balaréa. Sakali deui, hartina arurang kaasup kana golongan anu
mungkir tina kaayaan, ngangles kana kanyataan.
Pamungkas,
kanggo ngawakilan saha
waé nu mungkir. Hiji kutipan ti sajak nu judulna Sono beunang Fébrryyana.
“najan geus ruksak ku kaayaan jaman ayeuna,
nyaah moal bisa dibobodo”
Sabab
teu kabéh jalma nu mungkir téh, teu nyaah kana kaayaan. Asal ulah siga keuyeup
wé. Panon
ka hareup, leumpang
ka gigir.
Jatinangor, 26 Nopémber 2015.
No comments:
Post a Comment