GOBANG KEUR RAHAYAT LEUTIK
Kritik keur Carpon Trang-Trang Koléntrang karya Ahmad Rijal Nasrullah
ku Rizki Sanjaya
“Trang-trang
koléntrang, si londok paéh nundutan, tikusruk kana durukan, mesat gobang
kabuyutan” rumpaka lagu
trang-trang koléntrang mangrupa kakawihan kaulinan barudak. Disebut kakawihan
barudak sotéh, da kantos maca basa baheula nyuprih élmu di sakola dasar. Najan
kaasupna kakawihan barudak, geuning eusina mah lain keur barudak-barudak
teuing.
Dina rumpaka kakawihan
éta, aya kecap “gobang” anu hartina “bedog panjang”. Bedog bisa dihartikeun
alat pikeun buméla diri. Bisa ogé disebut simbol
perlawanan. Sedengkeun makna
“trang-trang koléntrang” bisa dianalogikeun
sora gobang nu keur diadu.
Dina Tribun Jabar dinten Salasa, 22 Séptémber
2015. Aya hiji carpon anu judulna sarua jeung kakawihan barudak di luhur.
Antawis kawih jeung carpon tangtos waé bénten. Carpon mangrupa karya fiksi anu
kandelna di handapeun novel jeung novellet. Sedengkeun kakawihan mangrupa
hiji ungkara anu dilisankeun tina rumpaka tulisan.
Matak dijudulan kitu
ogé, geuning eusi tina ieu carpon mangrupa hiji usaha tina sababaraha golongan
masarakat anu boga kereteg hayang ngaleungitkeun hiji proyék anu disebut seni
ngaruksak alam téa ceuk nu nyieun carponna.
Dina hiji karya sastra,
pangarang kudu bisa manggihan kabeungharan masarakat, tuluy dijieun hiji karya
anu bisa dibaca ku balaréa. Tapi aya ogé karya anu mikeun kabébasan ka sakumna
nu maca pikeun meunteun jeung neuleuman hiji karya nu geus aya (Ratna, 2012: 333-334).
Tokoh “kuring” dina ieu carita boga pagawéan jadi tukang gali keusik. Patukang
tonggong pisan jeung pagawéan alona anu nyuprih élmu di hiji paguron luhur, ogé
bébéakan ngiritik kana proyék galian keusik éta. Balik deui ka “kuring”, dina ieu
carita, teu disebutkeun lamun “kuring” téh --dina cariosan langsung-- muji
atawa henteu kana laku lampah alona. Mindengna mah di jero haté baé. Upamana
basa “kuring” boga rasa kamelang nalika seratan alona dimuat di koran Latar Cianjur, kaharti pisan lamun seratan éta téh keur kapentingan rahayat
leutik siga manéhna kénéh.
Dina (Faruk, 2014: 160)
dijelaskeun réhna hiji karya sastra téh tara leupas tina fakta kamanusaan. Manusa
bakal ngabiasakeun kaayaan di sakurilingna jeung naon nu aya dina akal
pikiranana “asimilasi”. Tapi, lamun
kaayaan éta nampik atawa teu bisa disaluyukeun jeung akal pikiranana, manusa
bakal néangan jalan anyar, jadi nyaluyukeun akal pikiranana jeung kaayaan di
sakurilingna “akomodasi”. Dina ieu
carita, loba pisan nyaritakeun aksi-aksi nu diayakeun ku masarakat dina urusan
galian keusik. Pangna bisa kitu, apan proyék galian keusik téh ngadukung kana
ruksakna kaayaan lingkungan. Geus teu anéh lamun tangkal dituaran mah, antukna
nepi ka mindeng pisan usum halodo panjang.
Aya hiji paguneman anu maheutkeun
lamun galian keusik éta kudu ditutup. Carana ku ngahalangan jalan anu biasa
diliwatan treuk, ku cara nyieun perboden. Ieu cara dilakonan, sabab kaayaan
sakurilingna teu ngadukung jeung kabiasaan anu biasana dilakonan ku masarakat.
Ku sabab kitu, akomodasi dina ieu carita
kaciri pisan. Salasahiji alesan pangna rahayat bisa kageuing téh, nyaéta
dimimitian ku tokoh “alo” dina ieu carita. Tulisan anu dimuat di Latar Cianjur, dipisadar atawa henteu,
geus ngahudangkeun rasa ambek ti masarakat anu salila ieu ngan bisa cicing
narimakeun kaayaan. Apan ceuk “kuring” gé, “Da kumaha deui ari hirup jadi jalma
leutik mah. Ka ditu ka dieu téh kumaha nu boga kawasa baé”.
Katingalna mah tempat
nu dicaritakeun dina carpon Trang-Trang
Koléntrang téh nyaritakeun Cianjur pisan. Dina ieu carpon, Rijal mamawa Latar Cianjur jeung Unci. Ari Latar Cianjur mah
geus sidik salasahiji média anu mamawa kecap Cianjur, palebah nyebat Unci, bisa waé mangrupa singketan ti Universitas Cianjur(?). Apan ari karya fiksi mah bébas, asal teu ngiklankeun
mah. Tapi karya-karya Joehana baheula mindeng pisan nyebut-nyebut mérk barang
jeung ngaran tempat anu bener ayana dina kanyataan(?).
Dina ieu carpon kaciri
pisan lamun kaayaan nu dicaritakeunana nyaéta kaayaan anu nempatkeun rahayat
leutik jadi buburuh di hiji tempat anu dipaké ladang keusik téa. Kitu sotéh da
“kuring” dina ieu carita nyampeurkeun ka imahna Juragan Anom, niatna nyokot
honor hasil jaga mesin kompayer. Nepi di imah Juragan Anom, “kuring” ngadon
ditanyaan sababaraha hal ngeunaan alo. Tokoh “kuring” dina éta carita aya dina
tempat anu ka dieu salah ka ditu salah.
Dék nyarék da ka alona --ti leuleutik di asuh ku “kuring”, mulang tarima ka
Étéh nu ngurus “kuring” sabada Ema jeung Bapa tilar dunya-- dék ngantep da dék
dikukumahakeun gé éta téh tempat manéhna nyiar pacabakan keur ngahirupan anak
jeung pamajikan. Ibarat bonténg ngalawan
kadu, antukna “kuring” dina ieu carita ngan bisa cicing narimakeun kaayaan.
Najan jero haté mah sadar lamun naon nu digawéan ku alona mangrupa “salasahiji
usaha buméla kana hal anu bener keur masarakat leutik”.
***
“Kaharti pisan ari
ruksakna alam teh ku lantaran leungeun manusa kéneh. Manusa anu teu
tanggungjawab kana laku lampahna. Manusa anu poho ti mana kasang tukang
maranéhanana” Kacang poho ka lanjaran téa.
Jatinangor, 27 Séptémber 2015.
Dimuat di Tribun
Jabar. Saptu, 10 Oktober 2015.
No comments:
Post a Comment