Ngaran
Moehammad Oenoen Koesman ku sawatara jalma teu pati kadangu, komo ku jalma
kaayeunakeun. Tapi pami disebatkeun landian M.O. Koesman mah urang tiasa
langsung uninga yén anjeunna salah sahiji pangarang carita Sunda populer.
Sawatara karyana loba nu geus dicitak dina wangun buku antarana: Si Kabayan
Nyaba (1981), Wa Dulhong, Kamus Kecil Indonesia-Sunda (1984) jeung Kamus Kecil
Sunda-Indonesia (1985). Enya gé teu loba buku nu dipedar, tapi dina dua buku nu
mimiti disebat, tos katingal anjeunna téh jalma nu resep bobodoran. Sabab dua
buku éta (Si Kabayan Nyaba & Wa Dulhong) miboga jalan carita nu bodor.
Buku
“Wa Dulhong” kénging almarhum M.O. Koesman ngabuktikeun yén urang Sunda téh
lain ngan saukur resep bobodoran, tapi bobodoran éta gé bisa dijieun dina
wangun buku. Lulusan Fakultas Téknik Bandung bagian senirupa (ayeuna Fakultas
Seni Rupa dan Desain ITB) ieu nyaritakeun kahirupan sapopoé urang Sunda nu
dicaritakeun di wilayah pasisian jeung gunung. Tapi, loba kénéh ngabahas daérah
luhur batan daérah pasisian mah. Hal éta jelas katingal. Sabab, nu nyaritakeun
daérah basisir mah mung judul Nguseup Hiu nu bener-bener ngajelaskeun kahirupan
di wilayah basisir. Aya hiji judul deui Nguseup Waliwis, tapi teu nyaritakeun
deui kahirupan di wilayah basisir, malah leuwih deukeut ka leuweung. Ari nu
nyaritakeun daérah luhur mah hampir sadayana. Komo pas nyaritakeun carita
Ngaseuk jeung Ngukut Maung. Didinya jelas pisan latar wilayah luhur nu
dicaritakeun téh. Meureun salah sahiji faktor Koesman loba nyaritakeun carita
maké latar wilayah luhur téh da anjeunna kaleresan urang Majalaya. Anu jelas
pisan jauh ti wilayah basisir, da asupna ka wewengkon dataran luhur ari
Majalaya mah.
Dina
buku ieu, Koesman nyieun hiji tokoh nu miboga sipat lucu, tukang ngawadul jeung
ngabohong. Kusabab kitu, tokoh Abdul di buku ieu dibéré landian Wa Dulhong ku
Koesman. Wa Dulhong di dieu ka asup jalma nu babari akur jeung batur séjén, teu
weléh boga kawawuhan di jalan. Da resep pisan ngamimitian nanya ka nu séjén.
Dibéré landian Wa Dulhong téh sabab, Abdul di dieu pinter pisan ngawadul jeung
ngabohong. Salah sahiji kapinteran urang Sunda dina ngadamel akronim kanggo
méré ngaran hiji tokoh.
Cara
Koesman nyieun carita teu saukur ku hayang bobodoran atawa nyieun buku
bobodoran Sunda. tapi leuwih ngajelaskeun lamun urang Sunda téh kedah miboga
rasa soméah, béréhan, jeung miboga sopan santun. Hal éta suksés dilukiskeun ku
sosok Wa Dulhong nu miboga pasipatan éta. Salian ti sipat nu tadi disebatkeun,
Wa Dulhong ogé boga sipat polos dina ngajalankeun hiji pasualan.
Koesman
dina buku ieu ngajieun bahasa anyar, bahasa anu sok dilarapkeun ku sosok Wa
Dulhong, umpana waé kecap “lampetol”. Naon ari lampetol téh? Ceuk Wa Dulhong
dina buku ieu lampetol téh nyaéta “Leuleus, euweuh tangan pangawasa, leumpang rarampéolan”
(Koesman, 2013:9).
Dina
buku Wa Dulhong karangan M.O. Koesman, urang disuguhkeun dongéng nu nyaritakeun
kahirupan sosok Wa dulhong jeung lingkungan daérahna. Wa Dulhong dina buku ieu
lolobana dicaritakeun jeung sosok sato. Tina 10 judul, dalapan di antarana
ngalakonkeun Wa Dulhong jeung sato. Dua carita deui mah kabagi ku carita kahiji
nu ngenalkeun sosok Abdul nu boga landian Wa Dulhong, jeung nu kadua
nyaritakeun tentang pepelakan si Wa Dulhong. Di dieu urang kudu boga patarosan,
“Naha Koesman resep-resep teuing nyaritakeun tentang mahluk hirup? Utamana
sasatoan?”. Tina judul jeung eusi carita dina ieu buku, arurang tiasa nyieun
argumén, “Naha enya Koesman resep ngukut sasatoan? Atawa Koesman resep pisan
kana cara hirup sasatoan?”, patarosan éta bisa waé dibalikkeun ku alesan, lamun
carita sasatoan nu dicaritakeun mah leuwih ka rékaan hasil imajinasi ti Koesman
sorangan.
Cara
nyarita Koesman dina buku ieu dibawakeun saayana, teu dileuleuwih, teu
dikukurang. Alur caritana karasa alami. Karasa nyatana. Sok sanajan aya
sababaraha hal dina carita ieu nu teu lumrah, di antarana judul Ngabedil Uncal,
Nguseup Waliwis, jeung Ngaseuk. Khusus tilu carita éta, nyirikeun pisan lamun
nu dicaritakeun téh teu lumrah, jeung moal aya di dunya nyata mah. Dina judul
Ngabedil Uncal, dicaritakeun lamun tangkal lobi-lobi bisa jadi di tanduk uncal.
Kitu ogé dina judul Nguseup Waliwis
urang disuguhkeun carita nu bisa nyieun urang seuri. Asa piraku manuk
waliwis bisa diuseup? Cara nguseupna gé asa teu asup akal pisan, piraku siki
salak nu geus diolésan ku hulu pindang dicapluk ku hiji manuk waliwis tuluy
dilodok, terus diisingkeun harita kénéh bari talina napel kénéh, tuluy dicapluk
deui ku waliwis séjén nepi ka aya 20 waliwis napel dina hiji tali ku eupan siki
salak? Hiji deui judul carita di buku Wa Dulhong téh nyaéta Ngaseuk. Carita ieu
bisa disebat carita anu paling ngaréka jeung teu asup akal. Sabab dina judul
ieu dicaritakeun lamun pepelakan di kebon Wa Dulhong mah béda jeung kebon nu
séjén. Sabab, di kebon Wa Dulhong mah nu jaradi téh nyaéta, aya tangkal jagong,
buahna bonténg. Aya bonténg ngarambat, tapi buahna jagong ngagolér. Aya roay
buahna tomat, tomat buahna roay. Jeung nu paling teu asup akal mah nyaéta, aya
tangkal jagong gedé nakér, ari buahna aya roay, aya tomat, aya bonténg, aya
térong jeung céngék.
Dina
hiji ieu buku waé urang bisa nempo lamun sosok Koesman téh jelema nu resep
ngabodor jeung heureuy. Da ari bakat nyerat mah biasana nurun ogé tina sipat
sapopoéna. Salah sahiji pangarang nu kréatip pisan. Jeung karyana bakal kapaké
nepi ka iraha ogé. Cag!
Rizki
Sanjaya, Mahasiswa Sastra Sunda Unpad
*Dimuat di Majalah Tangara Pamass,
Édisi 9, Juni 2014.
No comments:
Post a Comment