Geus teu anéh lamun Pamass
ngayakeun hiji pagelaran atawa kagiatan, dék leuleutikan komo deui pagelaran
badag mah, dék sabaraha waé anggaranana pasti réngsé kalayan mantes. Teu anéh
ogé lamun Pamass butuh hiji pakakas, nya pakakas naon wé salila mangpaat jeung
bisa minuhan Pamass kalayan mantes mah, sanajan teu siga teuing nu dipikahayang
tapi jol aya wé barang éta nyampak katempo jeung bisa dipaké ku balaréa.
Méngpar saeutik, aya hiji sato
anu liarna peuting, boga cakar seukeut, pinter tétérékélan dina tatangkalan
jeung wangunan. Sato éta ku urang Sunda sok dilandian careuh bulan. Careuh
bulan nyaéta mamalia saukuran ucing anu biasana boga beurat 3,2 kg, panjang
awakna 53 cm, jeung buntutna 48 cm. Awakna ditutupan ku bulu rancung kelir
hawuk kolot. Iwal suku, ceuli, jeung sungutna anu hideung mah. Tapi di dieu
kuring moal pati teuing ngabahas careuhna, tapi dék ngabahas hiji unit nu aya
di Pamass. Duka geus sabaraha taun umurna mah, da cenah mah geus lila pisan
ayana.
Duka ti mana mimitina, duka
saha nu ngamimitianana, duka saha nu méré landian mimitina, jol aya sebutan wé
keur jalma nu sok ngajalankeun hiji kagiatan ieu téh, nyaéta Unit Careuh.
Balik deui ka sipat careuh nu
sok tétérékélan. Pon kitu deui budak Pamass dina nga-uncar. Naék kana wangunan
nu jangkung mah, atawa kukurusukan ka gawir pikeun néang sapotong kai, kardus,
atawa soékan spanduk mah, teu jadi masalah keur barudak nu ngajalankeunana.
Daék kitu sotéh da puguh aya béréskeuneun, lain gawé teu paruguh ogé. Tapi
angger wé di mana geus bérésna ngagawéan pancén sok aya nu kukulutus
saenggeusna. Tapi kukulutusna gé teu matak barudak ambek, ngadon nyieun barudak
tingbarakatak ngadéngé kukulutus ti jalma éta. Siga baheula basa aya nu dititah
ngala eurih ku si Bacok, kieu cenah “Anjir, arateul kieu geus ngala eurih mah!
Teu kira-kira nitah téh, Cok!”, barudak nu araya di dinya jol tingbarakatak wé,
da kabéh nu aya di dinya bakal ngalaman ngala eurih ogé.
Aya hiji carita deui, basa
barudak salah ngitung jang meuli kaso di Pagelaran Rajapati kamari. Duit anu
sakitu-kituna teu cukup jang meuli kaso deui mah, tungtungna peuting éta
langsung ngayakeun musawarah anggota. Harita kénéh dijieun tim husus jang néang
kaso jeung triplék sésa. Teu lila, tim husus éta geus meunang deui kaso jeung
triplék nu bisa dipaké kénéh. Pokna deui cenah meunang nyokot urut pagelaran
tatangga anu sarua sok silih injeum bari teu bébéja, héhé.
Aya hiji deui nu lucu mah, tapi
lain turutaneun. Caritana Pamass butuh wadah runtah. Sanggeus kukurilingan, teu
jauh geuning, nyampak wé di tatangga aya. Kabeneran sékréna sok tutup waé da
tara aya nu ngeusian. Di wadah runtah éta aya bacaan Gem*si, tah ku barudak téh
ditambahan wé jadi “Wakaf ti Gem*si”. Tah nu matak lucu mah, isukanana kabéh gé
euweuh nu teu reuwas. Singhoréng wadah runtah beunang nyokot tadi peuting jol
euweuh di Pamass. Barang ditéang, wadah runtah éta geuning balik deui ka tempat
asalna. Bari ditambahan sababaraha kecap, jadi “Wakaf ti Gem*si, tapi teu jadi”,
héhé.
Ah tapi angger nu paling legend
téa mah éta geuning paving block nu aya di tepas Pamass. Atuh ti mana budak
Pamass boga modal sabadag kitu? Tapi da tungtungna mah kapaké geuning ku
barudak jang nyieun kagiatan naon waé. Malah katempona jadi Pamass nu
pangbeungharna tibatan himpunan séjén mah.
Unit careuh ieu teu boga
struktur nu pas, jeung teu boga anggota tetep ogé. Sing saha waé jalma nu
hayang, kari datang wé ka tukangeun Blue Stage atawa buruan Aula PSBJ lamun
Pamass ngayakeun hiji kagiatan atawa pagelaran badag.
Di kampus mah beuki peuting
biasana beuki ramé. Beuki peuting, beuki loba nu tingcarapruk teu paruguh.
Puguh atuh da paadu jeung panon nu geus beurat bakat ku tunduh. Jeung katambah
ku tanggungjawab kudu méréskeun hiji pancén nu tara anggeus sapoé dua poé.
Geus teu anéh lamun kudu
meuting di kampus mah. Sakapeung sok tinggaleun kuliah, da barang gawéna ogé
sok satakerna. Teu jarang lamun eureun ngagawéanana dipungkas ku adan subuh.
Tah ti dinya anyar reureuh barudak téh. Daék kitu sotéh, da kumaha deui atuh.
Lamun lain ku urang nu ngagarapna dék ku saha deui?
Da urang mah lain siswa deui.
Nu saukur diajar, balik, ngagawéan tugas, saré, kitu deui satuluyna. Boga hiji
pangabisa di widang anu teu sarua jeung nu dibeunangkeun di kelas ogé meureun
teu pati dimasalahkeun teuing. Da puguh éta nu jadi kaunggulan urang salaku
‘maha’ téa mah. Da ngaragaji, ngitung panjang kaso, neukteuk awi, ngecét, jeung
tétérékélan mah puguh moal diajarkeun di kelas mah.
Lain saukur méréskeun pancén.
Uncar ogé boga hiji kaunggulan, nyaéta hiji ririungan lintas angkatan anu teu
dihaja saacanna. Ah najan kumaha riweuhna ogé da asal ngumpul wé barudak mah.
Jang sababaraha jalma kagiatan
sarupa ieu téh didadagoan. Da meureun jang sababaraha jalma téa mah mangrupa
hiji ajang panggih jeung barudak anu sarua karesepna.
Nya ari hadé goréng mah kumaha
batur wé nu meunteun. Salila teu nyokot duit, banda, jeung pakakas anu
dipikabutuh kénéh mah lain puak-paok meureun, bener teu? Da Uncar mah tara
nyokot barang nu lain cokotaneun. Atuh sarupaning triplék urut, atawa kaso urut
batur mah, nya teu nanaon meureun. Piraku dék jadi pegat babarayaan.
“Da budak Pamass mah motékar,
daraék diajar, diajar kana kahadéan”
Rizki Sanjaya, Mahasiswa Sastra Sunda Unpad
*Dimuat
di Majalah Tangara Pamass, Édisi 11, April 2015.
No comments:
Post a Comment