14 February 2015

Kumpulan Fiksimini Rizki Sanjaya Masbox

Fikmin # Dina Impénan #
“Ka mana, Dén? Badé ka mana? Émut kénéh ieu saha? Saé atuh pami émut mah. Kumaha kaayaan bumi ayeuna? Tos alus? Atawa teu acan kénéh? Hampura, nya, Dén.
Asa kaingetan, éta taneuh pengkereun bumi mangga garap waé ku Adén. Nanging omat, ulah kabawa ku sakaba-kaba, nya!
Teu niat agul ari kami mah. Naon atuh nu badé diagulkeun ku kami? Apan urang téh kawitna ti taneuh, rinéh ogé, nya, bakal di taneuh! Enya taneuh!”
Adan subuh. Kahudangkeun ku adan. Enya adan!
Kereteg “Astaghfirullohaladiim... Wilujeng kulem tunggul rahayu”

_________________________________________________________________


Fikmin # Kereteg Haté #
Isuk-isuk barudak keur ngarumpul handapeun tangkal. Aya cikopi, udud, goréngan, jeung sajabana.
Ngarariung. Aya nu sasarap, ngerjakeun tugas, lolobana mah ngawangkong ngalér-ngidul.
Barang wanci asup ka kelas, haté ngadadak eundeur. “Dék milu guyub moal?” ceuk salah saurang bari ngaléos. Kereteg “urang panceg milih kénca”.
Barudak séjén arasup kelas.

_________________________________________________________________

Fikmin # Berkah Romdon #
Balik sakola si Oméd kacida laparna, “Ah, dék godin waé uing mah” jero pikirna.
Teu lila mikir, si Oméd buburu néang tukang kupat pangdeukeutna, ngahaja néang nnu aya hordéngan da embung kapanggih ku sasaha.
Barang gék diuk, langsung ngarérét ka gigireunana “Alah, Bapa badé naon ka dieu? Béjakeun geura ka Ema!”.
“Alah, ulah atuh, Méd! Apan Oméd gé apal tadi di rorompok teu saur da kabeurangan. Ari Oméd rék naon ka dieu?” ceuk Bapana.
“Naon da abdi mah ngiring ka cai hungkul!” waler Oméd.
“Atos atuh, kieu wé ayeuna mah...”
Barang kaluar, si Oméd sura-seuri sorangan bari nyakuan duit beureum salambar. “Berkah romdon. Alhamdulillah”


 Bandung, 27 Juli 2013.

No comments:

Post a Comment