3 February 2016

Carpon: Rucita karya Rizki Sanjaya


“Citra badé uih moal?” ceuk Ratna bari nyisiran.
“Moal ah. Barina gé ninggang tanggal beureum mah meujeuhna mayukeun diri. Jaba deukeut ka taun baru
“Héhé enya sih, Cit. Tapi da kumaha deui, asa sono pisan ka nu di lembur”
“Atuh da Ratna mah salah ngajak, puguh Citra mah tara balik. Barina gé dék balik ka mana atuh? Teu boga lembur Citra mah!”
“His, ngadon jadi ambek ka Ratna. Punten atuh, Cit. Atuh ari kitu mah abdi énjing badé uih ti payun, nya. Sono ka nu di lembur. Meungpeung liburan panjang, sing payu wé ngaublagna, Cit! Haha” ngomongna bari satengah lumpat.
“His teu ngaublag urang mah, Ratna meureun!” ceuk kuring bari nyabut beungkeutan rambut Ratna.
Kitu wé heureuyan sapopoé téh. Euweuh kasopanan, ceuk batur. Tapi lamun dikaitkeun kana kahirupan kuring jeung Ratna mah sigana lumrah waé.
Kuring jeung Ratna téh awéwé teu bener. Daék ngajual diri ka saha waé nu wani mayar. Bédana, Ratna mah geus boga niat eureun. Ari kuring mah can kapikiran. Daék kikieuan téh bati euweuh nu ngabaturan wé di imah. Milih jalan sorangan. Da teu butuh-butuh teuing siga Ratna.
“Ratna mah isin, Cit. Sieun. Asa hayang eureun kikieuan téh. Hayang geura lulus. Hayang geura balik ka lembur. Hayang geura kawin jeung lalaki nu bener”
Éta mah Ratna. Kuring? Dék balik ka mana barina gé! Disebut tunawisma gé pantes. Ti leuleutik geus diajarkeun nempo kalakuan kolot nu teu baralég. Boga ku bogana indung, pagawéanana salingkuh jeung pangusaha mall. Boga ku bogana bapa, saruana. Salingkuh jeung awéwé nu leuwih ngora di tempat langganan karokéna. Antukna asa embung balik ka nu ngaranna imah! Teu boga imah kuring mah!
Ngaran asli mah kuring téh Ningsih Rucita, ngan asa piraku wé ngalandian Ningsih mah, asa moal matak payu dagang di Bandung maké ngaran kitu mah. Tungtungna kuring nyokot tina ngaran nu pangtukangna, najan meunang ngaropéa saeutik. Ari keur leutik mah sok disebut Néng Ita ku Ema ti Bapa. Euweuh mendingna!
“Citra, ieu si Akang tos néléponan waé”
“Atuh ari kitu mah kari indit. Lain enggeus pan dangdanna?”
“Atos da, héhé” Ngomong téh bari gura-giru. Tuluy ngagagandong kantong sadua-dua.
“Konci candak ku Citra waé, nya. Sigana abdi badé langsung dianteur ka lembur ku si Akang. Ngan moal dugi rorompok, paling dugi parapatan waé”
“Oh enya sukur ari sakalian dianteurkeun mah. Sing salamet waé di jalanna”
“Moal meluk heula kitu ka Ratna? Siga nu moal kangen waé, héhé”
“Har ari Ratna? Dieu atuuuh!”
Salian ti nangkeup, kuring nyium biwirna ogé. Da geus biasa. Kuring babarengan jeung Ratna geus aya kana tilu taunna. Ngahaja ngontrak imah bareng jeung Ratna téh. Apan sapagawéan. Satempat kuliah deuih. Nu ngabédakeunana mah kuring asli ti dieu. Ari Ratna ti Tasikmalaya. Sakapeung sok éra mun ngobrol jeung Ratna. Ratna mah alus undak-usuk basana, rengkuh badanna, halimpu sorana. Béda jeung kuring nu sakadaékna kana nanaon gé.
Gawé kuring jeung Ratna kaitung élit. Maén rapih. Matak wajar mun matok harga rada tarik, da kuring mah awéwé berpendidikan! Apan kuliah gé di Universitas Negeri Bandung. Pernah jadi Mojang-Jajaka ogé! Teu kudu mayukeun diri di sisi jalan. Nanaonan capé-capé nangtung di sisi jalan? Kebul atuh. Teu nguteuk pisan! Teu nyakola! Diwedak gé painjeum-injeum. Euweuh senina. Runtah nu kitu mah. Ngérakeun manéh! Da geus katéwak mah angger wé careurik. Kolot deui nu éra. Kolot deui nu katempuhan. 
            “Haduh asa kaingetan” hp dina méja dicokot.
Aa, tos jam sapuluh yeuh. Jadi moal? Mun moal Citra dék bendu, ah!” ceuk kuring dina sms.
Teu kungsi lila, hapé disada. “Kéla antosan. Nuju ngurus perizinan heula. Ké ku Aa ditélépon
Bari nungguan manéhna datang, kuring mamantes diri deui, bisi aya nu kaliwat.
Naha geus bener manéh téh Rucita?” ceuk eunteung.
Ti leuleutik, bisa disebut lamun kuring jauh tina agama. Pernah ngaji. Ngan paroho deui hasilna. Apal téh ngan rukun Islam wé. Apal nu kadua téh salat. Tapi da tara dilakonan, da pasti moal ditarima. Asup sakola agama téh pantaran SD kelas dua. Éta gé kahayang sorangan. Diajakan ku babaturan sakola. Nya sahenteuna teu poékeun teuing ari apal saeutik-eutik mah. Duit jang infaqna meunang ménta ti Mamah. Ngahaja sok ménta dileuwihan, da jelema aya kolot kuring mah duanana gé.
Bapa kuring pangusaha sorum mobil sédan di Bandung. Omsétna nincak 500 juta sabulan, da kaitung pausahaan badag. Tapi nya kitu téa, sok dipaké mabok jeung ulin ka awéwé nu teu bener di tempat langganan karokéna. Najan boga kabiasaan kitu gé, angger teu ngurangan keur ngahirupan kuring duaan jeung Mamah.
Gawé Mamah ngan arisan. Saminggu aya kana opat kalina. Ti mimiti tatangga deukeut, rékan kerja sorum mobil, nepi nu kakara kenal gé sok dijugjug ku Mamah mah. Da silihkenalkeun téa ari kikituan mah. Nepi hiji waktu, panggih jeung nu ngaranna Pa Ardi direktur utama hiji mall badag di puseur Kota Bandung.
“Citra... Citra... Cit...” kadéngé aya nu keketrok.
“Kéla antosan... nuju dibaju heula”
Can gé nanaon, panto geus dibuka ti luar.
“Ih, si Aa mah maén buka waé! Apal waé lamun panto téh tara dikonci!”
“Atuh da lain sakali ieu meureun Aa ka dieu téh?”
“Enya sih, tapi cik atuh, da acan dibaju bener ieu téh. Kaluhuranana gé can dikancingkeun, tempo!”
“Enya sok atuh énggalkeun. Meungpeung nuju halodo, Cit”
Kuring leumpang ka kamar. Tadina mah da geus biasa dangdan di ruang tamu. Tapi kajadian siga kitu gé lumrah waé. Da teu sapira katempo sakitu mah.
Kamar dikoncian. Saénggeus bérés, kuring ngaca.
Dék nepi iraha, Cit, kikieuan téh?” ceuk eunteung.
“Hayu, sayang!”
“Muhun A, sakedap deui... hayu, A!”
Saenggeus panto imah dikoncian. Kuring asup ka mobil sédan silver kaluaran taun 2015. Di jero mobil geus nyampak vodka jeung kiripik sampeu meunang meuli ti toko langganan manéhna di Dago.
“Sok atuh dileueut heula, Cit!”
“Alim, ah! Siga nu teu apal karesep Citra waé!
“Muhun terang, nya itung-itung bubuka wé atuh, héhé”
“Wios ah ngantosan engké waé, A”
Mobil maju. Ngahaja dibawa lalaunan. Sora musik ditarikan. Musik DJ maturan kuring paduduaan jeung manéhna. Sajajalan leungeun kuring paadu jeung manéhna. Silihrérét. Silihteuteup. Geus teu sabar ngajurung napsu nu rék dibudalkeun ayeuna peuting.
Mobil eureun di hiji diskotik langganan kuring jeung manéhna. Manéhna turun. Kuring ditungtun asup ka jero. Ngahaja langsung ka méja nomer 5. Tempat biasa kuring paduduaan.
“Mas, réd labelnya satu yah! Ésnya rada banyak!”
“Sama apa lagi, Mas?”
“Citra mah mau matcha milk tea ajah, Mas. Sama goréng kentang”
“Ditunggu sebentar yah”
Bari nungguan, kuring nyokot rokok nu aya dina kantong. Ngahaja mekel ti luar, da mun meuli ti dieu mah kudu nungguan deui. Panékér dicetrékkeun. Rokok ayeuna kaduruk. Haseupna gancang leungit deui, kabawa kipas angin. Bari cicing ngobrol ngalér-ngidul. Nyaritakeun kagiatan manéhna sapoé ieu. Ti mimiti manéhna bérés kuliah, tuluy pamitan saenggeus nganteurkeun kabogohna balik.
“Si Arum tadi aambekan. Cenah hayang ameng peuting ayeuna. Puguh tos aya jangji jeung Citra, héhé”
“Naha atuh teu ameng sareng Arum waé? Der diputuskeun hayoh”
“Atuh béda deui, Cit, héhé. Nuju hoyong éta ayeuna mah. Da ari jeung Arum mah tos pasti alimeun. Barina gé teu wani ngajakna”
“Tuh, nya, ninggang hoyong éta geura ka Citra, ari enggeusna ka Arum deui. Geus siga udud da Citra mah. Diseuseup wé tuluy, geus jadi kuntung dipiceun!”
“Ih, naha nyarios kitu? Moal atuh, pan Aa mah sayang ka Citra”
“Teuing ah. Bosen jawaban lalaki mah kitu waé! Dasar Yoga Utama! Cowok hidung belang!”
“Ih, jol hidung belang sagala? Apan kana mobil Aa mah, héhé”
“Enyalah kumaha Aa waé!”
Ngobrol téh bari paantel sagala rupa. Bébas da di tempat kieu mah. Euweuh nu ngalarang. Puguh kabéh jalma gé keur teu aréling di diskotik mah.
Pesenan datang. Cai amis jeung nu dirasa amis pacampur asup kana tikoro. Teu cukup hiji. Mesen deui mesen deui. Aya kana tilu botolna béak ku duaan. Saenggeus béak tilu botol, kuring jeung manéhna nangtung. Jogéd nuturkeun musik, dibaturan kumelipna lampu. Matak rieut sabenerna mah. Ngan teu karasa. Da puguh keur teu aréling. Lila kalilaan teu kuat ogé. Kuring diuk deui di méja nomer 5. Nepi ka teu sadarna.
Keur tibra, kuring kahudangkeun ku sora botol peupeus. Yoga kagéloan, leungeunna ngopépang ka awéwé pamawaan batur. Yoga dibawa ku security, dibawa ka pos. Najan kuring keur lieur, tapi maksa nuturkeun ti tukang.
“Ari Aa kunaon?”
“Biasa atuh, Cit, hiburan, héhé”
“Kabiasaan pisan, ih! Teu ka sasaha leungeun téh!”
“Lain kitu ih, ari diharéwosan tiheula piraku teu ditémbalan? Éta mah lalaki nu mawana wé babarian. Da milik babarengan atuh di diskotik mah! Siga nu kakara waé”
“Atuh ari kitu mah Citra gé milik babarengan?”
“Henteu atuh, Citra mah milik, Aa, héhé” sungutna bau alkohol. “Urang lajeng waé yu?”
“Lamun alim kumaha? Héhé” ceuk kuring imut.
“Hemmm, kumaha, nyaaa” ngahaja ngomongna siga nu ngolo.
“Haha sok lebay si Aa mah! Hayu atuh, kaburu caang!”
Mobil di parkiran aman aya nu ngajagaan. Kuring jeung manéhna asup ka jero. Ayeuna AC teu dihurungkeun. “Hayang ngarokok” paménta kuring.
Mobil maju lalaunan. Nepi portal, manéhna mikeun duit duapuluh rébuan salambar keur tukang parkir.
“Punten sakedik, Mang. Nuju aya balanjaeun heula!”
“Muhun kasép, teu sawios. Nuhun. Kadé di jalanna”
Piriwit ditiupan. Tukang parkir leumpang ka tengah jalan, nempoan bisi aya motor atawa mobil nu ngagokan. Geus kolot katempona mah. Katémbong tina paroman jeung huisna nu kalaluar tina topi lusuh nu dipakéna.
“Nuhun, Mang!” ngomong téh bari mencét klakson mobil dua kali.
Mobil maju deui. Rada tarik ayeuna mah, teu siga inditeun ka diskotik. Sajajalan kuring jeung manéhna ngomong ngalér-ngidul. Teuing ngomongkeun naon, da moal inget keur kaayaan kitu mah. Nu aya mah ngeunah kaangin-angin. Ngan mindengna dipungkas ku seuri nyakakak, teuing naon nu lucu. Barina gé keur teu éling duanana gé! Basa mobil gagaléongan gé teu karasa was-was saeutik-eutik acan. Nu aya mah saleuseurian wé, silihpoyok.
“Ayeuna kaaa manaeuuun, Ciiit?”
“Kumahahaa Aa wééé... Citttrraa mah pasrahhh...”
Mobil eureun di hiji hotél nu anyar jadi di tungtung Jalan Merdéka. Mobilna teu diparkirkeun ku sorangan. Nitah ka juru parkir. Manéhna leuwih ti heula muru résépsionis.
“Yangg biaassa ajah, Mbaa”
“Silahkan bisa langsung ke kamar nomor J30, Mas. Ini kuncinya.”
“Makasihh”
Kuring ditungtun ku manéhna. Tapi kuring mah geus rada sadar. Da manggihan caang.
Di hotél éta lain kuring hungkul nu paduduaan téh. Tapi loba pisan! Malah aya nu geus bapa-bapa gé nunungtun awéwé sapantaran kuring.
“Geus kolot téh lain geura tobat!” ceuk kuring lalaunan.
“Naaoon, Citt?” manéhna nanya.
“Henteu, A. Tiris.” waler kuring.
Sup ka kamar. Manéhna asup ka kamar cai. Kuring langsung ngadeukeutan eunteung.
Iraha éling téh, Cit?” bari mukaan baju saeutik-saeutik.
“Hayu, Cit!” ngomong téh bangun teu sabar.
Ayeuna duanana geus teu maké kaén salambar-lambar acan. Barang dituruban ku simbut. Ngong pisan sora adan kadéngé ti luar hotél.
“Kang, ulah dilajengkeun, nya. Pamali. Antosan sakedap, Rucita badé salat heula”

Tamat


Dimuat di Manglé No. 2562.

No comments:

Post a Comment