4 January 2016

Dijual Moal: Kritik keur Carpon Ngajual Sora karangan Nina Rahayu Nadéa

DIJUAL MOAL?
(kritik keur carpon Ngajual Sora karangan Nina Rahayu Nadéa)


Tilu minggu ka tukang, diayakeun pilkada serentak di Indonésia. Pilkada ayeuna, lumangsung di 264 daérah sa-Indonésia. Palebah dieu; siga nu enggeus-enggeus, tangtu bisa jadi bahan guareun nu haneut kénéh. Biasana, saha waé nu meunang dina pilkada, komo katempona teu ilahar, bisa jadi polémik anyar di daérah nu ngalumangsungkeunana. Béda deui lamun éta calon pamingpin maén rapih. Teu kaciri ka ditu ka dieuna, ngadatangan saha-saha waéna. Apan arurang teu kabéh apal naon nu ngalantarankeun éta pasangan calon pamingpin jeung wakilna bisa meunang téh.
Keun éta mah urang pasrahkeun waé ka KPU. Da hak maranéhna ngurus nu karitu patut mah.
Nina Rahayu Nadéa; dina carpon nu judulna “Ngajual Sora”, henteu tinggaleun nyokot téma pilkada di Indonésia. Pilkada nu ayeuna kabeneran pisan nincak dina Poé Anti Korupsi Internasional ---di Jakarta, anggota déwan teu daratang basa aya acara Miéling Poé Anti Korupsi Internasional di gedong DPR RI---.
Milih dina pemilu, ceuk Goldmann jadi hiji fakta kamanusaan (Faruk, 2014: 90). Dina ieu carita, tokoh kuring anu diwakilan ku Héndar kapaksa kudu nyanghareupan hiji masalah nu dipahing pisan dina kodeu étik pagawéanana.
Héndar gawé jadi wartawan. Manéhna jadi hiji korban kotorna politik di nagara urang; nepi bisa asup ka média citak sagala. Pemred dina carita ieu geus kabeuli sorana ku salasaurang juru kampanyeu nu saacanna nawaran ogé ka Héndar jang nyieun kabar bohong. Kabeneran manéhna téh sobat Héndar pisan. Ngan dina ieu carpon, Héndar angger panceg kana pilihanana.
Karya sastra dijieun keur némbongkeun hubungan manusa jeung dunya. Héndar, Ahmad, jeung Pemred dicaritakeun jadi manusa anu béda dina nyanghareupan hiji pasualan. Tungtungna Héndar nu jadi korban tina kaayaan éta; tapi teu jadi korban ari dina kabeneran mah. Apan karya sastra mah miboga struktur nu kaharti. Héndar nu ateul dampal leungeun leuwih hadé ménta eureun gawé, tibatan milu ngajual sora manéhna.
Tokoh kuring dicaritakeun aya di pihak nu mertahankeun kodeu étik jurnalistik: (1) wartawan ngahargaan hak masarakat pikeun meunangkeun info nu bener, (2) wartawan teu nyiarkeun info nu sifatna bohong, jeung (3) wartawan teu narima sogokan jeung teu nyalahan pagawéanana. Dina ieu carpon, dicaritakeun lamun manéhna embung nyieun kabar bohong, jeung teu narima sogokan saacanna.
Gawé jadi wartawan téh beurat pisan. Kitu nu hayang dicaritakeun ku Nina dina carponna. Paribasa “suku dijieun hulu, hulu dijieun suku” némbongkeun hiji kabiasaan nu teu ilahar jeung pamohalan dijalankeun dina kanyataan.
Nina ogé méré kritik kana paripolah jalma ayeuna anu teu bisa ngajaga rasiah. Padahal geus puguh aya aturan lamun milih pamingpin mah kudu rasiah. Kritik éta bisa ditempo tina dialog Héndar jeung Purkon anu ngomongkeun masalah “luber”. Purkon boga pamikiran lamun naon nu geus dipilih ku arurang dina pemilu téh beurat pisan ngajagana. Paribasa “indung suku gé teu meunang dibéjaan” jadi hiji bukti pentingna ngajaga rasiah dina pemilu. Tapi dina kanyataanana, jalma ayeuna mah sok asa reueus lamun geus nyaritakeun saha pilihanana dina média sosial. Komo bari diasupan potrét surat sora nu geus dicoblos mah.
Aya sababaraha kasus salah éjahan dina ieu carpon. Dina sambungan kadua, kuring manggihan kecap “kanu” jeung “heuteu”. Meureun kahayang Nina mah, lain “heuteu” tapi “henteu(?)” Palebah “kanu” mah, apan maksud dina caritana gé nuduhkeun hiji jalma. Atuh kedahna dipisah waé jadi “ka nu”.
Kasus salah éjahan aya deui di sambungan carpon nu katilu. Kecap “merjuangkeuna” asa kurang merenah dibacana. Saacan méré rarangkén di tungtung kecap, urang kudu nempo heula naha éta téh kecap asal atawa lain. Apan ari kecap rundayan mah, kuduna ditambahan sufiks “-ana”. Béda jeung kecap asal, anu cukup ditambahan sufiks “–na”. Jadi ceuk kuring mah kecap “merjuangkeuna” kedah digentos jadi “merjuangkeunana”. Ari lepat panéléng mah geus jadi hiji kama’luman di arurang.
Prolog nu dipaké dina ieu carpon nyaritakeun kereteg Héndar saenggeusna eureun gawé jadi wartawan. Rasa melang Héndar dina nyanghareupan nagara nu geus teu puguh juntrunganana. Kabuktian ku sora-sora nu wani ngabéla nu salah, tapi ngantep ka nu nyumput buméla kana kabeneran. Carpon Nina kaasup hiji kritik kana kabiasaan di arurang; dina rupa-rupa kagoréngan pilkada. Sastra mangrupa kakuatan diskursif (pamikiran) anu bisa dipaké ngalawan naon-naon nu dianggap jadi hiji pasualan ékonomi, politik, jeung budaya kapitalisme (Faruk, 2014: 26). Héndar deui nu jadi korbanna. Duka Purkon mah? Da teu dicaritakeun.
***
Baheula, novél karya Multatuli nu judulna Max Havelaar boga pangaruh badag keur nyorakeun rasa katugenah rahayat Indonésia anu dijajah (Faruk, 2014: 261). Meureun maksud tina ieu carpon mah, “Naha dék dijual sora urang téh, atawa moal?”


Bandung, 17 & 27 Désémber 2015.

Dimuat di Tribun Jabar, 2 Januari 2016.

No comments:

Post a Comment