Sapuluh Taun Kuring jeung Obor Tatar Pasundan
Diserat ku Rizki Sanjaya
(Dokuméntasi Pamass Moro Bueuk, Blue Stage, Juni 2014)
Dina kamus Sunda R. Satjadibrata, kecap obor miboga harti: seuneu nu diseungeutkeun kana suluh, tuluy dibawa leumpang di nu poék pikeun nyaangan jalan. Filosofi éta ogé nu nyieun ieu kumpulan dina taun 2016 salin jadi Obor, ti batan keukeuh Moro Bueuk anu kagok dicap goréng ku balaréa. Sababna mah kur hiji, aya waé oknum nu remen Moro Bueuk tengah beurang.
Tapi da teu sadaria éta ogé. Talatah ieu kumpulan salin rupa téh bijilna ti sadérék Yasfi anu diwisuda taun 2014. Yasfi nu naratas ieu pakumpulan téh. Éh manéhna kénéh nu nitah Moro Bueuk kudu genti ngaran. "Bisi jadi dosa jariah urang", cenah. Padahal eusi Moro Bueuk téh teu saeutik nu benerna. Peun. Itung-itung pépéling keur nu neraskeunana sangkan leuwih bener.
Ieu kumpulan teu boga titimangsa. Ngan nu pasti, kuring kakara apal aya Moro Bueuk téh awal 2013. Harita nu nepikeun béja téh sadérék Oscar (12). Kieu asana mah: "Tadi peuting kakara lumangsung Pamass Moro Bueuk di Gerbang Lama Unpad. Éta diskusi diluuhan ku Ilham Fadjroe (09), Yasfi (10), Tustaniar (10), Mud (10), Asepodz (11), Fajri (11), urang jeung si Badot (12)".
Tina sumber nu dicutat Majalah Tangara édisi 9, Pamass Moro Bueuk téh singhoréng munggaran aya taun 2011. Cukang lantaranana mah, hayang nuar angkatanisme anu baheula ngakar nyaliara, sangkan mibanda ajén duduluran nu sipatna vértikal. Palebah ngaran Moro Bueuk mah méh teu ilahar wé, lian ti sémiotik lamun ieu kumpulan kakara muka diskusi jam 8 peuting.
(Dokuméntasi Majalah Tangara édisi 9, Juni 2014)
Leres obor téh seuneu nu diseungeut kana suluh. Saha nu kersa jadi suluhna? Taya sanés, nya, urang-urang kénéh, wadya bala nu kersa nyaangan Pamass ti rungkun nu pangpoékna! Sigana kabéh gé apal lamun suluh téh nomina tina kai. Sok sanajan bisa diala ku cara nuar tangkalna, tapi remenna mah suluh téh hasil mulung kai anu ragrag tur teu diaku deui ku éta tangkal.
Obor téh unit non-formal nu aya di lingkungan Pamass Unpad. Ku kituna moal mungkin Obor asup kana struktur organisasi resmi Pamass. Lian ti Obor aya sababaraha unit non-formal nu masih éksis dugi kiwari, di antarana Uncar nu kalaluar nalika Pamass nyieun pagelaran. Ogé Unleuw nu kakara katingal jinisna nalika Pamass nyaba ka leuweung atawa gunung.
Ku sabab Obor hirup di lingkungan Pamass, nu matak teu sagawayah jalma bisa ancrub ka ieu forum. Ngan barudak Pamass nu bisa diskusi di jero Obor. Ngeunaan ieu, saluyu jeung fungsi Obor minangka jagabaya nu ngajagaan Pamass tina rupa-rupa mamala nu hayang ngaruntagkeunana. Boh ka anggota Pamass sorangan, komo niatna numpurkeun karajaan.
Ayana Obor ulah jadi bangbaluh keur entragan kaayeunakeun. Naon nu hadé di mangsa kamari can tangtu alus dilakonan dina alam kiwari. Geura sorang mangsa ayeuna ku cara nu cocog jeung sumanget jaman. Tapi, lamun enya Obor kudu hurung tuluy, sok geura tatahar deui. Geura jaradi Obor Tatar Pasundan! Sing araya tanagaan sangkan Pamass terus ajeg digjaya!
(Dokuméntasi
Ngobor, Lapsas Unpad, Séptémber 2018)
Sing saha waé anu ilubiung di Obor, kudu istikomah dina jalan kaguyuban. Pamass mangrupa manifésto agung nu ngawengku unggal entragan di jerona. Ari guyub téh pondasina. Ku kituna unggal wawakil entragan kudu bisa jadi rawayan ka entragan saluhureunana-sahandapeunana. Geura kumpulkeun suluhna, hurungkeun seuneuna, sangkan Pamass teu pareumeun obor.
Sapuluh taun katompérnakeun, aya sababaraha kajadian nu nyieun Obor ngabebela. Nalika Kurikulum 2013 rék ngaleungitkeun basa daérah salaku Mulok, oknum dosén Sunda UPI dina Tribun Jabar teu pupuguh nyebut mahasiswa Sastra Sunda Unpad euweuh ketakna. Padahal dua démonstrasi akbar di Gedong Saté jeung DPR RI leuwih renyek ku jas almamater biru dongker.
Nalika Fakultas Sastra Unpad diléléwé ku hiji penyair Sunda pédah nampi honor murah, tilu bulan satutasna, 9 Fébruari 2015, pas jeung tepang taunna Dr. Teddi Muhtadin, sawala Obor téh diwakilan ku 35 lilin di buruan Pamass. Kasapukan harita: ulah jadi pangarang anu hirupna kapatok tina honor. Komo kudu ngagogoréng hiji almamater, alatan sentimén ka hiji personal.
(Dokuméntasi
Malam Najmul Muhtadin, Buruan Pamass, Fébruari 2015)
Unggal diayakeun Olimpiade Olahraga Tradisional Unpad, Pamass can pernah teu diajakan ku Fakultas. Atuh kitu deui barudak Obor tara pernah nurunkeun témpo ngagedurkeun sumangetna dina mayunan éta olimpiade. Ti mimiti tatahar, latihan, nepi prak-prakanana barudak Obor nangtung panghareupna. Malah pas tatahar, sakapeung barudak Obor salin jinis jadi Uncar.
(Dokuméntasi
Ngobor, Blue Stage, Oktober 2017)
Dina taun 2017, Obor nyieun hiji antologi puisi "Mapag" anu diterbitkeun ku Penerbit Pamass. Pangeusi éta antologi téh mahasiswa nu dianggap teu boga bakat nulis di kelas akademik formal. Ieu buku ngarsipkeun 53 sajak Sunda katut 1 sajak husus kanggo almarhum Iip Zaenal Muttaqin. Antologi sajak "Mapag" diterbitkeun dina gelaran Puncak Poé Pamass taun 2017.
(Buku
Kumpulan Sajak Mapag, Penerbit Pamass, Désémber 2017)
Supados teu panjang teuing, urang pungkas ku hiji cariosan lanceuk arurang anu kacida nyaahna ka ieu paguyuban. "Pada-kami, inilah kerajaan kami. Kerajaan bersama. Kerajaan Pamass Unpad." (Yasfi Maziya Mufida: 2010-2014). Ulah nepi Pamass kaleungitan individu-individu merdéka anu nyaah ka sakumna masarakat Pamass. Hurip Pamass! Wiwaha ajeg digjaya!
Bandung, 9 April 2023.
Obor Tatar Pasundan, Pamass Unpad, Sastra Sunda Unpad, Universitas Padjadjaran
Muriding, ras inget keur jamanna asa waraas
ReplyDelete