Épilog
Nuding ka Urang Sorangan
ku Rizki Sanjaya
Boa kopi nu ayeuna
nyampak di hareupeun arurang téh, baheulana, ti mimiti ayana, ngaliwatan heula
rupa-rupa prosés saacan jadi sagelas kopi anu meujeuhna diinum nalika panasna
ngurangan. Ulah waka kana ninyuhna, apan saacan jadi sagelas kopi téh
ngaliwatan heula sababaraha prosés ti mimiti melak binih, manén, moé, nyangray,
nepi ngagiling. Nah palebah bubuk
kopi geus sadia, cara ninyuhna gé kiwari mah rupa-rupa. Takaran caina gé sarua,
teu sarupa.
Kopi dina mangsa
kiwari bisa dijieun sakumaha takaran arurang, sakaresepna. Teu saeutik ogé nu
ngaracik éta kopi dicampur ku bahan séjén sarupaning susu, krimer, atawa
rupa-rupa sirop rasa bungbuahan. Hasilna tangtu waé jauh jeung sipat asli kopi;
pait. Tapi teu matak jadi masalah. Balik deui kana karesepna masing-masing.
Malah lamun aya niat nyalusur budayana, apan kiwari téh arurang geus asup kana
gelombang kopi nu katilu, Third Wave
Coffee téa. Nu mana kopi keur sababaraha jalma geus jadi hiji hal nu
dipikacinta, nu dipikaresep, nu teu bisa sagawayah dianggap teu sapira.
Dina taun 1950-an,
kasusastraan Sunda perenah geunjleung ku hiji rupa karya wanda anyar nu sarupa
jeung puisi, tapi da puguh aya bédana. Rupana mah teu béda jauh, sami-sami
dieusian ku rupa-rupa kekecapan dina
unggal padalisan. Ngan ieu puisi modél anyar téh geuning teu boga struktur nu
puguh dina cara nulisna. Teu pati mentingkeun wirahma, ogé murwakantina. Teu
miboga guru lagu jeung guru wilangan cara dangding anu leuwih heula ayana.
Najan kitu, sigana sadayana gé bakal sapuk, lamun ieu puisi modél anyar téh
jadi salah sahiji karya anu paling dipikameumeut ku urang Sunda nepi kiwari,
utamana barudak ngarora. Ieu puisi modél anyar téh dingaranan sajak.
Basa mimitian sajak
ramé, ieu puisi téh teu kitu waé ditarima ku bangsa arurang. Bakat loba pisan
nu mikaresep, sajak nu kaitung gumelarna leuwih ngora dibanding dangding,
perenah jadi hiji polémik nu teu sakeudeung dina mangsa harita. Cukang
lantaranna mah pédah disebut bisa ngarusak kaéndahan dangding téa. Padahal
pédah dimimitianana sajak ramé, sawatara pangarang
anu keukeuh nyebut dangding téh leuwih alus batan sajak, malah jadi leuwih
produktip deui nulis dangdingna. Ieu jadi ciri lamun sajak jeung dangding téh silih tulungan keur hirup-huripna. Silih tulungan ogé keur kamekaran kasusastraan Sunda.
Nyarita ngeunaan
polémik sajak téh bisa panjang pisan. Malah ceuk Ajip Rosidi dina Bébér Layar mah apan ngeunaan sajak
jeung dangding téh geus loba nu narulis jeung nu maséakeunana. Salah sahiji aktor nu
madungdengkeun sajak jeung dangding téh Wahyu Wibisana, jeung tokoh jieunanana
kénéh Juju Yuliati, anu harita nyéépkeun mangjilid-jilid édisi majalah Warga. Ti batan maséakeun hal nu teu
produktip, sajak kuduna jadi hiji sumanget keur barudak ngarora sangkan daék
ngamimitian nyieun karya sastra. Apan ceuk Ajip kénéh waé, ku daraékna gé
barudak ngarora narulis, geus mangpirang-pirang nuhun. Tandaning barudak
ngarora téh masih nyaah kana basa indungna; basa Sunda.
***
Ditawisan ngadamel
épilog kanggo ieu buku téh 19 Juli 2019. Ari nu nawisanana mah Déri Hudaya.
Satutasna naros iraha batas ieu épilog kedah réngsé, ogé dipasihan biografi
para pangarang katut sajak-sajakna, kuring nyanggupan bari ngamimitian tatahar.
Sajak nu kakumpul
dina ieu buku aya 95 judul. Nu ngeusianana genep urang: (1) Arom Hidayat, 21
sajak, kawit ti Bandung Barat (2) Iwan M. Ridwan, 11 sajak, kawit ti Cianjur
(3) Prayoga Adiwisastra, 15 sajak, kawit ti Purwakarta (4) Rizal Sabda, 20
sajak, kawit ti Purwakarta (5) Séna Dipayana Supena, 13 sajak, kawit ti
Majaléngka (6) Zaénal Abidin, 15 sajak, kawit ti Kuningan.
Cukup kandel keur
ukuran buku antologi sajak mah. Tapi jadi wajar sabab ieu buku dieusianana lain
ukur ku saurang. Pangarang nu paling ngora diwakilan ku Séna Dipayana Supena 21
taun. Pangarang nu pangkolotna diwakilan ku
Arom Hidayat nu ayeuna nincak 37 taun. Opat pangarang deui aya di kisaran 26-34
taun. Teu paanggang jauh teuing, pas sawindu.
Tina genep urang
pangarang nu ngeusian ieu buku, sajak-sajak ti Arom Hidayat nu panglobana
dibukukeun téh. Tina 21 sajak nu dibukukeun, urang pedar heula dua sajak nu
dijudulan “Tuding” jeung “Monolog
Ka-1”.
Sajak
nu dijudulan “Tuding” lain keur tepikeuneun ka batur hungkul. Sajak nu
dimimitian ku: “Lain nuduh ka nu jauh”, dirasa-rasa leuwih nitah ka arurang kénéh sangkan ulah babarian nuduh
ti heula ka batur. Dina padalisan kadua leuwih écés deui lamun ieu sajak téh
bener-bener keur bahan lenyepaneun urang-urang kénéh: “Da geuning nunjuk ka aing”. Arom mungkas ieu sajakna
kalayan jéntré.
Geuning bener ceuk
paribasa téa mah. Palebah urang nununjuk batur ku hiji ramo, apan opat ramo
deui mah malik
nununjuk ka urang.
Hartina miceun kasalahan ka batur téh lain hal nu bener, sabab bakal malik deui
ka diri urang sorangan lamun nu ngamimitian nyieun masalahna téh urang-urang
kénéh. Tapi
bisa waé
kuring salah tapsir. Saha nu apal lamun nu dituju ku Arom téh minangka hiji
kritik
kana kaayaan individu-individu kiwari anu leuwih kritis jeung taliti kana
kasalahan batur nu jauh, ti batan ngeunteung heula ka dirina sorangan; sami sareng judulna, nuding.
Téréh
sarua jeung “Tuding”, sajak nu dijudulan “Monolog Ka-1” ogé méré celah keur ngeunteungan kabiasaan urang sorangan. Hiji hal gedé nu
dimimitian ku rasa teu sapira: “teu pira
ngabukbak leuweung”, dilakonan ku dua
insan: “aing jeung manéh” anu keur nyieun
jalan caritana sorangan: “keur melak
sasiki sajak”, jadi
bubuka
keur ieu
sajak. Minangka panutup, ngalakonan hal nu dianggap teu sapira téh geuning
panungtunganana mah malah nyieun arurang aya dina dua pilihan: ”ngaludang atawa ngaruang”. Tapi balik deui, tina sagala hal anu dilakonan, apan
tungtungna bakal urang-urang kénéh nu narima hasilna: “urang sorangan”.
Dina hirup tangtu arurang bakal manggihan
rupa-rupa pilihan. Arurang
dipaksa kudu milih. Tapi ulah ari
nepi pilihanana mawa kana cilaka mah. Sakedik
deui, masih ngeunaan
sajak
“Monolog Ka-1”. Palebah “aing jeung manéh”, salian tina analisa kuring nu mimiti, geuning analisa kadua mah ceuk kuring kénéh bisa ogé keur ngawakilan dua
sipat nu patukang-tonggong dina hiji diri. Kecap “manéh” bisa jadi ngawakilan hawa
napsu dina diri urang sorangan. Napsu anu mamaksa urang ngagugu kahayang
manéhna.
Sajak-sajakna Imam M. Ridwan, dina ieu buku téh lobana mah ngan satengahna ti sajak-sajakna Arom.
Dina sajakna nu dijudulan “Bulan Langit Bandung”, Imam nyieun narasi ngeunaan kaayaan Bandung, anu kiwari marakbak ku
lampu néon. Bandung anu
kiwari tinggurilap ku lampu-lampu mérkuri sapanjang jalan. Bandung anu kiwari diliwatan ku mobil
nu silih datang jeung mulang tinggarerung. Bandung anu kiwari gumuruhna
patémbal-témbal parat nepi janari. Sajak ieu ceuk kuring mangrupa kritik keur
kaayaan Bandung dina
mangsa kiwari,
utamina palebah dina bubukana:
“Rék ka mana bulan nguniang?” jeung “Sorot anjeun geus teu napak dina suklak-siklukna
dayeuh”
ieu nyirikeun lamun caang
bulan geus jadi barang langka di Bandung.
Salian
ti méré kritik kana
pola hirup masarakatna,
Imam ogé nyuat-nyuat ngeunaan hiji Pabrik Coklat di sisi dayeuh anu ilubiung méré kontribusi
sangkan bulan beuki teu némbongan di Bandung: “’Pék sing betah
dina panyumputan! // Tah keur anjeun: méga hideung sangkan anjeun tumaninah!’”
// Omong pabrik coklat di sisi dayeuh bari ngelunkeun haseup hideung.” Masalah ngeunaan
polusi di arurang, kiwari beuki parah waé. Sababaraha minggu ieu, tina data Air Visual, Indonésia nu diwakilan ku Jakarta apan jadi nagara anu kualitas hawana paling teu layak
sadunya. Ceuk kuring mah ieu téh lain masalah leutik. Perkara ieu kudu jadi
bahan pikiraneun keur pamaréntah di arurang. Pamaréntah kudu leuwih taliti deui
palebah nyieun aturan ogé kudu leuwih rutin deui mariksa kaayaan di lapangan,
naha bener pabrik-pabrik nu ngaradeg téh geus barener miceun limbahna? Lian ti
éta, pamaréntah ogé teu bisa sagawayah ngidinan pabrik-pabrik ngadegkeun
pabrikna di mana waé. Kudu jelas tata kotana.
Sajak “Bulan Langit
Bandung” dipungkas ku carita yén bulan anu nurut kana pancén ti Gusti
Nu Murbéng Alam
téh angger nyaangan. Najan kiwari geus teu
pati dipaliré bakat kapoékan ku caangna lampu ti dayeuh. Bulan nu imutna teu weléh marahmay, angger nyaangan ka imah-imah bilik. Nyaangan kana saung-saung
gunung. Nyaangan
kana
pajaratan handapeun tangkal-tangkal samoja.
Lajeng
ka sajak ti Prayoga
Adiwisastra
nu dijudulan “Ínstagram”. Ngeunaan sosial média dina mangsa kiwari mah atuh
lain barang anyar keur arurang. Tina survéi nu dijieun ti dua lembaga Cuponation jeung NapoleonCat apan dijéntrékeun lamun Indonésia téh jadi nagara
ka-opat anu akun instagramna panglobana sadunya. Jadi geus lain barang langka
nempo masarakat di arurang aktip jeung konsumtip ka nu ngaranna sosial média.
Minangka bubuka,
Prayoga nyieun prolog lamun paguneman keur sawatara jalma nu nyandu kana
instagram téh saukur ilusi. Sabab hasil tina éta kabiasaan nu dilakonan téh
bisa meuraykeun jarak jeung waktu. Kiwari sok aya paribasa lamun sosial média:
nyieun deukeut ka nu jauh, nyieun jauh ka nu deukeut. Éta paribasa téh bisa
bener, bisa henteu. Lamun maranéhna bisa ngéléhkeun rasa panasaranana mah, éta
paribasa bisa jadi salah.
Sajak “Instagram”
bisa dipaké ogé keur nyintreuk individu-individu anu kasieunan dirina teu
dipiapal, ogé kasieunan teu dipikaresep ku loba jalma. Nyokot tina mitologi
Yunani, apan geus dicontoan ku Narkissos putra Kefissos lamun jelema nu
ngagul-ngagul kana kaunggulan parasna sorangan, tungtungna mah bakal teuleum
lantaran paripolahna sorangan. Bakat kagégéloan ka dirina sorangan, ieu sajak
dipungkas ku jalan carita: tokoh dina éta sajak ngomong ka potrétna sorangan.
Geus puguh potrét manéhna téh hasil ilusi optik nu diapungkeun ku manéhna
sorangan, dina instagram manéhna sorangan.
Dina sajak “Aksara”
beunang Rizal Sabda kuring dék nempo tina judulna heula. Aksara atawa istilah
ilmiahna mah foném, apan saur Fatimah Djajasudarma mah, “kesatuan bunyi bahasa terkecil yang membedakan arti, atau dengan kata lain fonem adalah bunyi
bahasa fungsional.” (Djajasudarma, 1987:1). Saparantos ditilikan eusi
sajakna, alurna dimimitian ku hal leutik. Apan nu ngaranna diajar mah salah
sahiji prosés pangmimitina dina hirup. Kitu ogé nu dicaritakeun dina ieu sajak
nalika tokoh kuring ménta diajar ka apa: “ajarkeun, apa,” jeung ka ema: “ajarkeun, ema,”.
Dina dua bagian
awal, tokoh kuring dina ieu sajak diajar ngeunaan bebeneran, ogé ngeunaan hak jeung
batil. (1) Diajar ngeunaan bebeneran tujuanana: “sangkan bisa méré
pangharepan keur kaadilan nu maruragan”. (2) Diajar ngeunaan hak jeung batil tujuanana: “sangkan bisa ngabeuntakeun panon-panon nu curaling mawa ringkang sangsara
urang”.
Dina dua bagian ieu, ceuk sakuringeun mah minangka bekel sikap keur tokoh
kuring dina nyanghareupan kahirupan. Urang kudu apal ka nu ngaranna bebeneran,
ulah nepi urang cicing dina kaayaan anu salah. Urang kudu apal mana nu hak mana
nu batil, sangkan urang teu kababawa ku saha waé anu curaling nyieun sangsara
batur. Palebah mungkas ieu sajak, kuring rada nilikan deui isi sajakna. Kuring
nempo rasa pasrah tina tokoh kuring dina bagian pamungkas ieu sajak. Pangajaran
ngeunaan bebeneran, ogé hak jeung batil geuning teu cukup keur nyanghareupan
kahirupan. Tokoh kuring nyieun jungjunanna jadi simbol. Simbol diajar ngeunaan
kahirupan. Kahirupan nu ku tokoh kuring dirasa beurat pisan.
Sajak Séna Dipayana
Supena nu dijudulan “Sajadah”, najan pondok, tapi teu ngirangan kana tujuan
utamana. Ieu sajak ngajak arurang sangkan pasrah jeung sumerah diri ka Gusti
Allah. Dimimitian ku “Ieu raga simpé” ngawakilan kaayaan anu simpé.
Dilajeng ku “Nangkeup hiliwir angin ti kulon” minangka Gusti Allah méré
jawaban kana pasrah jeung sumerahna arurang. Dipungkas ku “Jampé moal jempé” nyirikeun lamun manusa téh nyaéta mahluk nu butuh ka Pangéranna, mahluk nu
moal eureun ménta pituduh ogé pitulung ti Pangéranna.
Palebah latar, dina
sajak “Sajadah” téh teu kacaritakeun, kumargi sajakna pondok. Kuring rada
nilik-nilik deui palebah “Nangkeup hiliwir angin ti kulon”. Atuh lamun latarna lain keur di
luar rohangan mah, kacipta sieunna palebah dina kaayaan simpé, jol aya angin nu
ngahiliwir ka hareupeun urang pisan. Tapi bisa waé angin nu dimaksud dina ieu
sajak téh lain angin.
Zaénal Abidin dina
sajak nu dijudulan “Lambuhan Bulan” nepi sapuluh kali nulis kecap “wening”
di jero sajakna. Ieu nyirikeun lamun keur meunangkeun kaweningan téh arurang
perelu usaha nu teu babari. Arurang tangtu kudu daék ngeunteung kana rupaning
hakéki, arurang kudu ngaweningkeun diri tina hirup nu pinuh ku kakiruh.
Latar waktu nu
kabayang ku kuring mah teu béda jauh jeung sajakna Séna nu dijudulan “Sajadah”.
Dina sajak “Lambuhan Bulan”, kaciri lamun waktu nu kagambar dina éta sajak téh
wanci janari: “sawening wanci janari”. Wanci janari nu kudu dipaké
ku arurang asup ka rohang nu pangsimpéna. Wanci janari anu kudu bisa dipaké
ngaweningkeun diri tina rupa-rupa pasualan anu silung katungtung jeung liuhna
ngalarung. Wening, weningkeun sawening wanci janari.
***
Sajeroning sapuluh
taun ieu, buku basa Sunda dina katégori sajak jadi unggulan dina gelaran taunan
Hadiah Sastra Rancagé. Hadiah kasusastraan daérah nusantara nu ditaratas ku
Ajip Rosidi ieu, ti taun 2009-2019 nangtoskeun genep buku sajak anu jadi
pinunjul ti gelaran nu kiwari dikokolakeunana ku Yayasan Kebudayaan Rancagé.
Genep buku nu dimaksud
nyaéta: (1) Serat Panineungan karya
Étti RS (2) Paguneman karya Acép
Zamzam Noor (3) Lagu Padungdung karya
Déni A. Fajar (4) Titimangsa karya
Abdullah Mustappa (5) Miang karya
Nazarudin Azhar, jeung nu panganyarna (6) Sérah
karya Éris Risnandar.
Ieu jadi sapuluh
taun pangproduktipna keur katégori sajak. Sabab dina périodeu 1989-1998
pinunjul tina katégori sajak diwakilan ngan ku dua buku nyaéta Blues Kéré Lauk karya Godi Suwarna jeung
Maung Bayangan karya Étti RS. Sapuluh
taun salajengna 1999-2008 pinunjul tina katégori sajak, sami diwakilan ngan ku
dua buku nyaéta Kidang Kawisaya karya
Chyé Rétty Isnéndés jeung Jaladri
Tingtrim karya Dyah Padmini. Hartina dina sapuluh taun ieu, rata-rata
pinunjul dina kategori sajak anu asalna ngan diwakilan ku dua buku, kiwari naék
tilu kalieunana jadi genep buku.
Di yuswana nu geus
nincak satengah abad, kiwari sajak beuki dipikaresep, kiwari sajak beuki alus
hasilna. Mugia népa ka para pangarang anyar nu acan kasinugrahan.
Bandung,
01 Agustus 2019
No comments:
Post a Comment