DIJUAL MOAL?
(kritik keur carpon Ngajual Sora karangan Nina Rahayu
Nadéa)
Tilu minggu ka tukang, diayakeun pilkada
serentak di Indonésia. Pilkada ayeuna, lumangsung di 264 daérah sa-Indonésia.
Palebah dieu; siga nu enggeus-enggeus, tangtu bisa jadi bahan guareun nu haneut
kénéh. Biasana, saha waé nu meunang dina pilkada, komo katempona teu ilahar,
bisa jadi polémik anyar di daérah nu ngalumangsungkeunana. Béda deui lamun éta calon
pamingpin maén rapih. Teu kaciri ka ditu ka dieuna, ngadatangan saha-saha
waéna. Apan arurang teu kabéh apal naon nu ngalantarankeun éta pasangan calon
pamingpin jeung wakilna bisa meunang téh.
Keun éta mah urang pasrahkeun waé ka KPU.
Da hak maranéhna ngurus nu karitu patut mah.
Nina Rahayu Nadéa; dina carpon nu
judulna “Ngajual Sora”, henteu tinggaleun nyokot téma pilkada di Indonésia.
Pilkada nu ayeuna kabeneran pisan nincak dina Poé Anti Korupsi Internasional ---di Jakarta, anggota déwan teu
daratang basa aya acara Miéling Poé Anti
Korupsi Internasional di gedong DPR RI---.
Milih dina pemilu, ceuk Goldmann jadi
hiji fakta kamanusaan (Faruk, 2014: 90). Dina ieu carita, tokoh kuring anu
diwakilan ku Héndar kapaksa kudu nyanghareupan hiji masalah nu dipahing pisan
dina kodeu étik pagawéanana.
Héndar gawé jadi wartawan. Manéhna jadi
hiji korban kotorna politik di nagara urang; nepi bisa asup ka média citak sagala.
Pemred dina carita ieu geus kabeuli sorana ku salasaurang juru kampanyeu nu
saacanna nawaran ogé ka Héndar jang nyieun kabar bohong. Kabeneran manéhna téh
sobat Héndar pisan. Ngan dina ieu carpon, Héndar angger panceg kana pilihanana.
Karya sastra dijieun keur némbongkeun
hubungan manusa jeung dunya. Héndar, Ahmad, jeung Pemred dicaritakeun jadi
manusa anu béda dina nyanghareupan hiji pasualan. Tungtungna Héndar nu jadi
korban tina kaayaan éta; tapi teu jadi korban ari dina kabeneran mah. Apan
karya sastra mah miboga struktur nu kaharti. Héndar nu ateul dampal leungeun leuwih hadé ménta eureun gawé, tibatan milu ngajual
sora manéhna.
Tokoh kuring dicaritakeun aya di pihak
nu mertahankeun kodeu étik jurnalistik: (1) wartawan ngahargaan hak masarakat
pikeun meunangkeun info nu bener, (2) wartawan teu nyiarkeun info nu sifatna
bohong, jeung (3) wartawan teu narima sogokan jeung teu nyalahan pagawéanana.
Dina ieu carpon, dicaritakeun lamun manéhna embung nyieun kabar bohong, jeung
teu narima sogokan saacanna.
Gawé jadi wartawan téh beurat pisan.
Kitu nu hayang dicaritakeun ku Nina dina carponna. Paribasa “suku dijieun hulu,
hulu dijieun suku” némbongkeun hiji kabiasaan nu teu ilahar jeung pamohalan
dijalankeun dina kanyataan.
Nina ogé méré kritik kana paripolah
jalma ayeuna anu teu bisa ngajaga rasiah. Padahal geus puguh aya aturan lamun
milih pamingpin mah kudu rasiah. Kritik éta bisa ditempo tina dialog Héndar
jeung Purkon anu ngomongkeun masalah “luber”. Purkon boga pamikiran lamun naon nu
geus dipilih ku arurang dina pemilu téh beurat pisan ngajagana. Paribasa
“indung suku gé teu meunang dibéjaan” jadi hiji bukti pentingna ngajaga rasiah
dina pemilu. Tapi dina kanyataanana, jalma ayeuna mah sok asa reueus lamun geus
nyaritakeun saha pilihanana dina média sosial. Komo bari diasupan potrét surat
sora nu geus dicoblos mah.
Aya sababaraha kasus salah éjahan dina ieu
carpon. Dina sambungan kadua, kuring manggihan kecap “kanu” jeung “heuteu”.
Meureun kahayang Nina mah, lain “heuteu” tapi “henteu(?)” Palebah “kanu” mah,
apan maksud dina caritana gé nuduhkeun hiji jalma. Atuh kedahna dipisah waé
jadi “ka nu”.
Kasus salah éjahan aya deui di sambungan
carpon nu katilu. Kecap “merjuangkeuna” asa kurang merenah dibacana. Saacan
méré rarangkén di tungtung kecap, urang kudu nempo heula naha éta téh kecap
asal atawa lain. Apan ari kecap rundayan mah, kuduna ditambahan sufiks “-ana”.
Béda jeung kecap asal, anu cukup ditambahan sufiks “–na”. Jadi ceuk kuring mah
kecap “merjuangkeuna” kedah digentos jadi “merjuangkeunana”. Ari lepat panéléng
mah geus jadi hiji kama’luman di arurang.
Prolog nu dipaké dina ieu carpon
nyaritakeun kereteg Héndar saenggeusna eureun gawé jadi wartawan. Rasa melang
Héndar dina nyanghareupan nagara nu geus teu puguh juntrunganana. Kabuktian ku
sora-sora nu wani ngabéla nu salah, tapi ngantep ka nu nyumput buméla kana
kabeneran. Carpon Nina kaasup hiji kritik kana kabiasaan di arurang; dina rupa-rupa
kagoréngan pilkada. Sastra mangrupa kakuatan diskursif (pamikiran) anu bisa dipaké ngalawan naon-naon nu
dianggap jadi hiji pasualan ékonomi, politik, jeung budaya kapitalisme (Faruk, 2014: 26). Héndar deui nu jadi korbanna. Duka
Purkon mah? Da teu dicaritakeun.
***
Baheula, novél karya Multatuli nu
judulna Max Havelaar boga pangaruh badag keur nyorakeun rasa katugenah rahayat
Indonésia anu dijajah (Faruk, 2014: 261). Meureun maksud tina ieu carpon mah,
“Naha dék dijual sora urang téh, atawa moal?”
Bandung, 17 & 27 Désémber 2015.
Dimuat di Tribun Jabar, 2 Januari 2016.
No comments:
Post a Comment