13 May 2020

Épilog keur Antologi Sajak Sunda Lalayaran Luhureun Heulang

Épilog

Nuding ka Urang Sorangan
ku Rizki Sanjaya


Boa kopi nu ayeuna nyampak di hareupeun arurang téh, baheulana, ti mimiti ayana, ngaliwatan heula rupa-rupa prosés saacan jadi sagelas kopi anu meujeuhna diinum nalika panasna ngurangan. Ulah waka kana ninyuhna, apan saacan jadi sagelas kopi téh ngaliwatan heula sababaraha prosés ti mimiti melak binih, manén, moé, nyangray, nepi ngagiling. Nah palebah bubuk kopi geus sadia, cara ninyuhna gé kiwari mah rupa-rupa. Takaran caina gé sarua, teu sarupa.
Kopi dina mangsa kiwari bisa dijieun sakumaha takaran arurang, sakaresepna. Teu saeutik ogé nu ngaracik éta kopi dicampur ku bahan séjén sarupaning susu, krimer, atawa rupa-rupa sirop rasa bungbuahan. Hasilna tangtu waé jauh jeung sipat asli kopi; pait. Tapi teu matak jadi masalah. Balik deui kana karesepna masing-masing. Malah lamun aya niat nyalusur budayana, apan kiwari téh arurang geus asup kana gelombang kopi nu katilu, Third Wave Coffee téa. Nu mana kopi keur sababaraha jalma geus jadi hiji hal nu dipikacinta, nu dipikaresep, nu teu bisa sagawayah dianggap teu sapira.
Dina taun 1950-an, kasusastraan Sunda perenah geunjleung ku hiji rupa karya wanda anyar nu sarupa jeung puisi, tapi da puguh aya bédana. Rupana mah teu béda jauh, sami-sami dieusian ku rupa-rupa kekecapan dina unggal padalisan. Ngan ieu puisi modél anyar téh geuning teu boga struktur nu puguh dina cara nulisna. Teu pati mentingkeun wirahma, ogé murwakantina. Teu miboga guru lagu jeung guru wilangan cara dangding anu leuwih heula ayana. Najan kitu, sigana sadayana gé bakal sapuk, lamun ieu puisi modél anyar téh jadi salah sahiji karya anu paling dipikameumeut ku urang Sunda nepi kiwari, utamana barudak ngarora. Ieu puisi modél anyar téh dingaranan sajak.
Basa mimitian sajak ramé, ieu puisi téh teu kitu waé ditarima ku bangsa arurang. Bakat loba pisan nu mikaresep, sajak nu kaitung gumelarna leuwih ngora dibanding dangding, perenah jadi hiji polémik nu teu sakeudeung dina mangsa harita. Cukang lantaranna mah pédah disebut bisa ngarusak kaéndahan dangding téa. Padahal pédah dimimitianana sajak ramé, sawatara pangarang anu keukeuh nyebut dangding téh leuwih alus batan sajak, malah jadi leuwih produktip deui nulis dangdingna. Ieu jadi ciri lamun sajak jeung dangding téh silih tulungan keur hirup-huripna. Silih tulungan ogé keur kamekaran kasusastraan Sunda.
Nyarita ngeunaan polémik sajak téh bisa panjang pisan. Malah ceuk Ajip Rosidi dina Bébér Layar mah apan ngeunaan sajak jeung dangding téh geus loba nu narulis jeung nu maséakeunana. Salah sahiji aktor nu madungdengkeun sajak jeung dangding téh Wahyu Wibisana, jeung tokoh jieunanana kénéh Juju Yuliati, anu harita nyéépkeun mangjilid-jilid édisi majalah Warga. Ti batan maséakeun hal nu teu produktip, sajak kuduna jadi hiji sumanget keur barudak ngarora sangkan daék ngamimitian nyieun karya sastra. Apan ceuk Ajip kénéh waé, ku daraékna gé barudak ngarora narulis, geus mangpirang-pirang nuhun. Tandaning barudak ngarora téh masih nyaah kana basa indungna; basa Sunda.
***
Ditawisan ngadamel épilog kanggo ieu buku téh 19 Juli 2019. Ari nu nawisanana mah Déri Hudaya. Satutasna naros iraha batas ieu épilog kedah réngsé, ogé dipasihan biografi para pangarang katut sajak-sajakna, kuring nyanggupan bari ngamimitian tatahar.
Sajak nu kakumpul dina ieu buku aya 95 judul. Nu ngeusianana genep urang: (1) Arom Hidayat, 21 sajak, kawit ti Bandung Barat (2) Iwan M. Ridwan, 11 sajak, kawit ti Cianjur (3) Prayoga Adiwisastra, 15 sajak, kawit ti Purwakarta (4) Rizal Sabda, 20 sajak, kawit ti Purwakarta (5) Séna Dipayana Supena, 13 sajak, kawit ti Majaléngka (6) Zaénal Abidin, 15 sajak, kawit ti Kuningan.
Cukup kandel keur ukuran buku antologi sajak mah. Tapi jadi wajar sabab ieu buku dieusianana lain ukur ku saurang. Pangarang nu paling ngora diwakilan ku Séna Dipayana Supena 21 taun. Pangarang nu pangkolotna diwakilan ku Arom Hidayat nu ayeuna nincak 37 taun. Opat pangarang deui aya di kisaran 26-34 taun. Teu paanggang jauh teuing, pas sawindu.
Tina genep urang pangarang nu ngeusian ieu buku, sajak-sajak ti Arom Hidayat nu panglobana dibukukeun téh. Tina 21 sajak nu dibukukeun, urang pedar heula dua sajak nu dijudulan Tuding” jeung “Monolog Ka-1”.
Sajak nu dijudulan “Tuding” lain keur tepikeuneun ka batur hungkul. Sajak nu dimimitian ku: “Lain nuduh ka nu jauh”, dirasa-rasa leuwih nitah ka arurang kénéh sangkan ulah babarian nuduh ti heula ka batur. Dina padalisan kadua leuwih écés deui lamun ieu sajak téh bener-bener keur bahan lenyepaneun urang-urang kénéh: “Da geuning nunjuk ka aing. Arom mungkas ieu sajakna kalayan jéntré.
Geuning bener ceuk paribasa téa mah. Palebah urang nununjuk batur ku hiji ramo, apan opat ramo deui mah malik nununjuk ka urang. Hartina miceun kasalahan ka batur téh lain hal nu bener, sabab bakal malik deui ka diri urang sorangan lamun nu ngamimitian nyieun masalahna téh urang-urang kénéh. Tapi bisa waé kuring salah tapsir. Saha nu apal lamun nu dituju ku Arom téh minangka hiji kritik kana kaayaan individu-individu kiwari anu leuwih kritis jeung taliti kana kasalahan batur nu jauh, ti batan ngeunteung heula ka dirina sorangan; sami sareng judulna, nuding.
Téréh sarua jeung “Tuding”, sajak nu dijudulan “Monolog Ka-1” ogé méré celah keur ngeunteungan kabiasaan urang sorangan. Hiji hal gedé nu dimimitian ku rasa teu sapira: “teu pira ngabukbak leuweung”, dilakonan ku dua insan: “aing jeung manéh” anu keur nyieun jalan caritana sorangan: “keur melak sasiki sajak”, jadi bubuka keur ieu sajak. Minangka panutup, ngalakonan hal nu dianggap teu sapira téh geuning panungtunganana mah malah nyieun arurang aya dina dua pilihan: ”ngaludang atawa ngaruang”. Tapi balik deui, tina sagala hal anu dilakonan, apan tungtungna bakal urang-urang kénéh nu narima hasilna: “urang sorangan”.
Dina hirup tangtu arurang bakal manggihan rupa-rupa pilihan. Arurang dipaksa kudu milih. Tapi ulah ari nepi pilihanana mawa kana cilaka mah. Sakedik deui, masih ngeunaan sajak Monolog Ka-1. Palebah “aing jeung manéh”, salian tina analisa kuring nu mimiti, geuning analisa kadua mah ceuk kuring kénéh bisa ogé keur ngawakilan dua sipat nu patukang-tonggong dina hiji diri. Kecap “manéh” bisa jadi ngawakilan hawa napsu dina diri urang sorangan. Napsu anu mamaksa urang ngagugu kahayang manéhna.
Sajak-sajakna Imam M. Ridwan, dina ieu buku téh lobana mah ngan satengahna ti sajak-sajakna Arom. Dina sajakna nu dijudulan “Bulan Langit Bandung”, Imam nyieun narasi ngeunaan kaayaan Bandung, anu kiwari marakbak ku lampu néon. Bandung anu kiwari tinggurilap ku lampu-lampu mérkuri sapanjang jalan. Bandung anu kiwari diliwatan ku mobil nu silih datang jeung mulang tinggarerung. Bandung anu kiwari gumuruhna patémbal-témbal parat nepi janari. Sajak ieu ceuk kuring mangrupa kritik keur kaayaan Bandung dina mangsa kiwari, utamina palebah dina bubukana: “Rék ka mana bulan nguniang?” jeung “Sorot anjeun geus teu napak dina suklak-siklukna dayeuh” ieu nyirikeun lamun caang bulan geus jadi barang langka di Bandung.
Salian ti méré kritik kana pola hirup masarakatna, Imam ogé nyuat-nyuat ngeunaan hiji Pabrik Coklat di sisi dayeuh anu ilubiung méré kontribusi sangkan bulan beuki teu némbongan di Bandung: “’Pék sing betah dina panyumputan! // Tah keur anjeun: méga hideung sangkan anjeun tumaninah!’” // Omong pabrik coklat di sisi dayeuh bari ngelunkeun haseup hideung.” Masalah ngeunaan polusi di arurang, kiwari beuki parah waé. Sababaraha minggu ieu, tina data Air Visual, Indonésia nu diwakilan ku Jakarta apan jadi nagara anu kualitas hawana paling teu layak sadunya. Ceuk kuring mah ieu téh lain masalah leutik. Perkara ieu kudu jadi bahan pikiraneun keur pamaréntah di arurang. Pamaréntah kudu leuwih taliti deui palebah nyieun aturan ogé kudu leuwih rutin deui mariksa kaayaan di lapangan, naha bener pabrik-pabrik nu ngaradeg téh geus barener miceun limbahna? Lian ti éta, pamaréntah ogé teu bisa sagawayah ngidinan pabrik-pabrik ngadegkeun pabrikna di mana waé. Kudu jelas tata kotana.
Sajak “Bulan Langit Bandung” dipungkas ku carita yén bulan anu nurut kana pancén ti Gusti Nu Murbéng Alam téh angger nyaangan. Najan kiwari geus teu pati dipaliré bakat kapoékan ku caangna lampu ti dayeuh. Bulan nu imutna teu weléh marahmay, angger nyaangan ka imah-imah bilik. Nyaangan kana saung-saung gunung. Nyaangan kana pajaratan handapeun tangkal-tangkal samoja.
Lajeng ka sajak ti Prayoga Adiwisastra nu dijudulan “Ínstagram”. Ngeunaan sosial média dina mangsa kiwari mah atuh lain barang anyar keur arurang. Tina survéi nu dijieun ti dua lembaga Cuponation jeung NapoleonCat apan dijéntrékeun lamun Indonésia téh jadi nagara ka-opat anu akun instagramna panglobana sadunya. Jadi geus lain barang langka nempo masarakat di arurang aktip jeung konsumtip ka nu ngaranna sosial média.
Minangka bubuka, Prayoga nyieun prolog lamun paguneman keur sawatara jalma nu nyandu kana instagram téh saukur ilusi. Sabab hasil tina éta kabiasaan nu dilakonan téh bisa meuraykeun jarak jeung waktu. Kiwari sok aya paribasa lamun sosial média: nyieun deukeut ka nu jauh, nyieun jauh ka nu deukeut. Éta paribasa téh bisa bener, bisa henteu. Lamun maranéhna bisa ngéléhkeun rasa panasaranana mah, éta paribasa bisa jadi salah.
Sajak “Instagram” bisa dipaké ogé keur nyintreuk individu-individu anu kasieunan dirina teu dipiapal, ogé kasieunan teu dipikaresep ku loba jalma. Nyokot tina mitologi Yunani, apan geus dicontoan ku Narkissos putra Kefissos lamun jelema nu ngagul-ngagul kana kaunggulan parasna sorangan, tungtungna mah bakal teuleum lantaran paripolahna sorangan. Bakat kagégéloan ka dirina sorangan, ieu sajak dipungkas ku jalan carita: tokoh dina éta sajak ngomong ka potrétna sorangan. Geus puguh potrét manéhna téh hasil ilusi optik nu diapungkeun ku manéhna sorangan, dina instagram manéhna sorangan.
Dina sajak “Aksara” beunang Rizal Sabda kuring dék nempo tina judulna heula. Aksara atawa istilah ilmiahna mah foném, apan saur Fatimah Djajasudarma mah, “kesatuan bunyi bahasa terkecil yang membedakan arti, atau dengan kata lain fonem adalah bunyi bahasa fungsional.” (Djajasudarma, 1987:1). Saparantos ditilikan eusi sajakna, alurna dimimitian ku hal leutik. Apan nu ngaranna diajar mah salah sahiji prosés pangmimitina dina hirup. Kitu ogé nu dicaritakeun dina ieu sajak nalika tokoh kuring ménta diajar ka apa: “ajarkeun, apa,” jeung ka ema: “ajarkeun, ema,”.
Dina dua bagian awal, tokoh kuring dina ieu sajak diajar ngeunaan bebeneran, ogé ngeunaan hak jeung batil. (1) Diajar ngeunaan bebeneran tujuanana: “sangkan bisa méré pangharepan keur kaadilan nu maruragan”. (2) Diajar ngeunaan hak jeung batil tujuanana: “sangkan bisa ngabeuntakeun panon-panon nu curaling mawa ringkang sangsara urang”. Dina dua bagian ieu, ceuk sakuringeun mah minangka bekel sikap keur tokoh kuring dina nyanghareupan kahirupan. Urang kudu apal ka nu ngaranna bebeneran, ulah nepi urang cicing dina kaayaan anu salah. Urang kudu apal mana nu hak mana nu batil, sangkan urang teu kababawa ku saha waé anu curaling nyieun sangsara batur. Palebah mungkas ieu sajak, kuring rada nilikan deui isi sajakna. Kuring nempo rasa pasrah tina tokoh kuring dina bagian pamungkas ieu sajak. Pangajaran ngeunaan bebeneran, ogé hak jeung batil geuning teu cukup keur nyanghareupan kahirupan. Tokoh kuring nyieun jungjunanna jadi simbol. Simbol diajar ngeunaan kahirupan. Kahirupan nu ku tokoh kuring dirasa beurat pisan.
Sajak Séna Dipayana Supena nu dijudulan “Sajadah”, najan pondok, tapi teu ngirangan kana tujuan utamana. Ieu sajak ngajak arurang sangkan pasrah jeung sumerah diri ka Gusti Allah. Dimimitian ku “Ieu raga simpé” ngawakilan kaayaan anu simpé. Dilajeng ku “Nangkeup hiliwir angin ti kulon” minangka Gusti Allah méré jawaban kana pasrah jeung sumerahna arurang. Dipungkas ku “Jampé moal jempé” nyirikeun lamun manusa téh nyaéta mahluk nu butuh ka Pangéranna, mahluk nu moal eureun ménta pituduh ogé pitulung ti Pangéranna.
Palebah latar, dina sajak “Sajadah” téh teu kacaritakeun, kumargi sajakna pondok. Kuring rada nilik-nilik deui palebah “Nangkeup hiliwir angin ti kulon”. Atuh lamun latarna lain keur di luar rohangan mah, kacipta sieunna palebah dina kaayaan simpé, jol aya angin nu ngahiliwir ka hareupeun urang pisan. Tapi bisa waé angin nu dimaksud dina ieu sajak téh lain angin.
Zaénal Abidin dina sajak nu dijudulan “Lambuhan Bulan” nepi sapuluh kali nulis kecap “wening” di jero sajakna. Ieu nyirikeun lamun keur meunangkeun kaweningan téh arurang perelu usaha nu teu babari. Arurang tangtu kudu daék ngeunteung kana rupaning hakéki, arurang kudu ngaweningkeun diri tina hirup nu pinuh ku kakiruh.
Latar waktu nu kabayang ku kuring mah teu béda jauh jeung sajakna Séna nu dijudulan “Sajadah”. Dina sajak “Lambuhan Bulan”, kaciri lamun waktu nu kagambar dina éta sajak téh wanci janari: “sawening wanci janari”. Wanci janari nu kudu dipaké ku arurang asup ka rohang nu pangsimpéna. Wanci janari anu kudu bisa dipaké ngaweningkeun diri tina rupa-rupa pasualan anu silung katungtung jeung liuhna ngalarung. Wening, weningkeun sawening wanci janari.
***
Sajeroning sapuluh taun ieu, buku basa Sunda dina katégori sajak jadi unggulan dina gelaran taunan Hadiah Sastra Rancagé. Hadiah kasusastraan daérah nusantara nu ditaratas ku Ajip Rosidi ieu, ti taun 2009-2019 nangtoskeun genep buku sajak anu jadi pinunjul ti gelaran nu kiwari dikokolakeunana ku Yayasan Kebudayaan Rancagé. Genep buku nu dimaksud nyaéta: (1) Serat Panineungan karya Étti RS (2) Paguneman karya Acép Zamzam Noor (3) Lagu Padungdung karya Déni A. Fajar (4) Titimangsa karya Abdullah Mustappa (5) Miang karya Nazarudin Azhar, jeung nu panganyarna (6) Sérah karya Éris Risnandar.
Ieu jadi sapuluh taun pangproduktipna keur katégori sajak. Sabab dina périodeu 1989-1998 pinunjul tina katégori sajak diwakilan ngan ku dua buku nyaéta Blues Kéré Lauk karya Godi Suwarna jeung Maung Bayangan karya Étti RS. Sapuluh taun salajengna 1999-2008 pinunjul tina katégori sajak, sami diwakilan ngan ku dua buku nyaéta Kidang Kawisaya karya Chyé Rétty Isnéndés jeung Jaladri Tingtrim karya Dyah Padmini. Hartina dina sapuluh taun ieu, rata-rata pinunjul dina kategori sajak anu asalna ngan diwakilan ku dua buku, kiwari naék tilu kalieunana jadi genep buku.
Di yuswana nu geus nincak satengah abad, kiwari sajak beuki dipikaresep, kiwari sajak beuki alus hasilna. Mugia népa ka para pangarang anyar nu acan kasinugrahan.

Bandung, 01 Agustus 2019

No comments:

Post a Comment