“Citra badé uih moal?” ceuk Ratna bari nyisiran.
“Moal ah. Barina gé ninggang tanggal beureum mah meujeuhna mayukeun
diri. Jaba deukeut ka taun baru”
“Héhé enya sih, Cit. Tapi da kumaha deui, asa sono pisan ka nu di
lembur”
“Atuh da Ratna mah salah ngajak, puguh Citra mah tara balik. Barina
gé dék balik ka mana atuh? Teu boga lembur Citra mah!”
“His, ngadon jadi ambek ka Ratna. Punten atuh, Cit. Atuh ari kitu
mah abdi énjing badé uih ti payun, nya. Sono ka nu di lembur. Meungpeung
liburan panjang, sing payu wé ngaublagna, Cit! Haha” ngomongna bari satengah
lumpat.
“His teu ngaublag urang mah, Ratna meureun!” ceuk kuring bari
nyabut beungkeutan rambut Ratna.
Kitu wé heureuyan sapopoé téh. Euweuh kasopanan, ceuk batur. Tapi
lamun dikaitkeun kana kahirupan kuring jeung Ratna mah sigana lumrah waé.
Kuring jeung Ratna téh awéwé teu bener. Daék ngajual diri ka saha
waé nu wani mayar. Bédana, Ratna mah geus boga niat eureun. Ari kuring mah can
kapikiran. Daék kikieuan téh bati euweuh nu ngabaturan wé di imah. Milih jalan
sorangan. Da teu butuh-butuh teuing siga Ratna.
“Ratna mah isin, Cit. Sieun. Asa hayang eureun kikieuan téh. Hayang
geura lulus. Hayang geura balik ka lembur. Hayang geura kawin jeung lalaki nu
bener”
Éta mah Ratna. Kuring? Dék balik ka mana barina gé! Disebut
tunawisma gé pantes. Ti leuleutik geus diajarkeun nempo kalakuan kolot nu teu
baralég. Boga ku bogana indung, pagawéanana salingkuh jeung pangusaha mall. Boga ku bogana bapa, saruana.
Salingkuh jeung awéwé nu leuwih ngora di tempat langganan karokéna. Antukna asa
embung balik ka nu ngaranna imah! Teu boga imah kuring mah!
Ngaran asli mah kuring téh Ningsih Rucita, ngan asa piraku wé
ngalandian Ningsih mah, asa moal matak payu dagang di Bandung maké ngaran kitu
mah. Tungtungna kuring nyokot tina ngaran nu pangtukangna, najan meunang
ngaropéa saeutik. Ari keur leutik mah sok disebut Néng Ita ku Ema ti Bapa.
Euweuh mendingna!
“Citra, ieu si Akang tos néléponan waé”
“Atuh ari kitu mah kari indit. Lain enggeus pan dangdanna?”
“Atos da, héhé” Ngomong téh bari gura-giru. Tuluy ngagagandong
kantong sadua-dua.
“Konci candak ku Citra waé, nya. Sigana abdi badé langsung dianteur
ka lembur ku si Akang. Ngan moal dugi rorompok, paling dugi parapatan waé”
“Oh enya sukur ari sakalian dianteurkeun mah. Sing salamet waé di
jalanna”
“Moal meluk heula kitu ka
Ratna? Siga nu moal kangen waé, héhé”
“Har ari Ratna? Dieu atuuuh!”
Salian ti nangkeup, kuring nyium biwirna ogé. Da geus biasa. Kuring
babarengan jeung Ratna geus aya kana tilu taunna. Ngahaja ngontrak imah bareng
jeung Ratna téh. Apan sapagawéan. Satempat kuliah deuih. Nu ngabédakeunana mah
kuring asli ti dieu. Ari Ratna ti Tasikmalaya. Sakapeung sok éra mun ngobrol
jeung Ratna. Ratna mah alus undak-usuk basana, rengkuh badanna, halimpu sorana.
Béda jeung kuring nu sakadaékna kana nanaon gé.
Gawé kuring jeung Ratna kaitung élit. Maén rapih. Matak wajar mun
matok harga rada tarik, da kuring mah awéwé berpendidikan! Apan kuliah gé di Universitas Negeri Bandung. Pernah
jadi Mojang-Jajaka ogé! Teu kudu mayukeun diri di sisi jalan. Nanaonan
capé-capé nangtung di sisi jalan? Kebul atuh. Teu nguteuk pisan! Teu nyakola!
Diwedak gé painjeum-injeum. Euweuh senina. Runtah nu kitu mah. Ngérakeun manéh!
Da geus katéwak mah angger wé careurik. Kolot deui nu éra. Kolot deui nu
katempuhan.
“Haduh asa
kaingetan” hp dina méja dicokot.
“Aa, tos jam sapuluh yeuh.
Jadi moal? Mun moal Citra dék bendu, ah!” ceuk kuring dina sms.
Teu kungsi lila, hapé disada. “Kéla
antosan. Nuju ngurus perizinan heula. Ké ku Aa ditélépon”
Bari nungguan manéhna datang, kuring mamantes diri deui, bisi aya
nu kaliwat.
“Naha geus bener manéh téh
Rucita?” ceuk eunteung.
Ti leuleutik, bisa disebut lamun kuring jauh tina agama. Pernah
ngaji. Ngan paroho deui hasilna. Apal téh ngan rukun Islam wé. Apal nu kadua
téh salat. Tapi da tara dilakonan, da pasti moal ditarima. Asup sakola agama
téh pantaran SD kelas dua. Éta gé kahayang sorangan. Diajakan ku babaturan
sakola. Nya sahenteuna teu poékeun teuing ari apal saeutik-eutik mah. Duit jang
infaqna meunang ménta ti Mamah. Ngahaja sok ménta dileuwihan, da jelema aya
kolot kuring mah duanana gé.
Bapa kuring pangusaha sorum mobil sédan di Bandung. Omsétna nincak
500 juta sabulan, da kaitung pausahaan badag. Tapi nya kitu téa, sok dipaké
mabok jeung ulin ka awéwé nu teu bener di tempat langganan karokéna. Najan boga
kabiasaan kitu gé, angger teu ngurangan keur ngahirupan kuring duaan jeung
Mamah.
Gawé Mamah ngan arisan. Saminggu aya kana opat kalina. Ti mimiti
tatangga deukeut, rékan kerja sorum mobil, nepi nu kakara kenal gé sok dijugjug
ku Mamah mah. Da silihkenalkeun téa ari kikituan mah. Nepi hiji waktu, panggih
jeung nu ngaranna Pa Ardi direktur utama hiji mall badag di puseur Kota Bandung.
“Citra... Citra... Cit...” kadéngé aya nu keketrok.
“Kéla antosan... nuju dibaju heula”
Can gé nanaon, panto geus dibuka ti luar.
“Ih, si Aa mah maén buka waé! Apal waé lamun panto téh tara
dikonci!”
“Atuh da lain sakali ieu meureun Aa ka dieu téh?”
“Enya sih, tapi cik atuh, da acan dibaju bener ieu téh.
Kaluhuranana gé can dikancingkeun, tempo!”
“Enya sok atuh énggalkeun. Meungpeung nuju halodo, Cit”
Kuring leumpang ka kamar. Tadina mah da geus biasa dangdan di ruang
tamu. Tapi kajadian siga kitu gé lumrah waé. Da teu sapira katempo sakitu mah.
Kamar dikoncian. Saénggeus bérés, kuring ngaca.
“Dék nepi iraha, Cit,
kikieuan téh?” ceuk eunteung.
“Hayu, sayang!”
“Muhun A, sakedap deui... hayu, A!”
Saenggeus panto imah dikoncian. Kuring asup ka mobil sédan silver
kaluaran taun 2015. Di jero mobil geus nyampak vodka jeung kiripik sampeu meunang meuli ti toko langganan manéhna
di Dago.
“Sok atuh dileueut heula, Cit!”
“Alim, ah! Siga nu teu apal karesep Citra waé!
“Muhun terang, nya itung-itung bubuka wé atuh, héhé”
“Wios ah ngantosan engké waé, A”
Mobil maju. Ngahaja dibawa lalaunan. Sora musik ditarikan. Musik DJ
maturan kuring paduduaan jeung manéhna. Sajajalan leungeun kuring paadu jeung
manéhna. Silihrérét. Silihteuteup. Geus teu sabar ngajurung napsu nu rék
dibudalkeun ayeuna peuting.
Mobil eureun di hiji diskotik langganan kuring jeung manéhna.
Manéhna turun. Kuring ditungtun asup ka jero. Ngahaja langsung ka méja nomer 5.
Tempat biasa kuring paduduaan.
“Mas, réd labelnya satu yah! Ésnya rada banyak!”
“Sama apa lagi, Mas?”
“Citra mah mau matcha milk tea
ajah, Mas. Sama goréng kentang”
“Ditunggu sebentar yah”
Bari nungguan, kuring nyokot rokok nu aya dina kantong. Ngahaja
mekel ti luar, da mun meuli ti dieu mah kudu nungguan deui. Panékér
dicetrékkeun. Rokok ayeuna kaduruk. Haseupna gancang leungit deui, kabawa kipas
angin. Bari cicing ngobrol ngalér-ngidul. Nyaritakeun kagiatan manéhna sapoé
ieu. Ti mimiti manéhna bérés kuliah, tuluy pamitan saenggeus nganteurkeun kabogohna
balik.
“Si Arum tadi aambekan. Cenah hayang ameng peuting ayeuna. Puguh
tos aya jangji jeung Citra, héhé”
“Naha atuh teu ameng sareng Arum waé? Der diputuskeun hayoh”
“Atuh béda deui, Cit, héhé. Nuju hoyong éta ayeuna mah. Da ari
jeung Arum mah tos pasti alimeun. Barina gé teu wani ngajakna”
“Tuh, nya, ninggang hoyong éta geura ka Citra, ari enggeusna ka
Arum deui. Geus siga udud da Citra mah. Diseuseup wé tuluy, geus jadi kuntung
dipiceun!”
“Ih, naha nyarios kitu? Moal atuh, pan Aa mah sayang ka Citra”
“Teuing ah. Bosen jawaban lalaki mah kitu waé! Dasar Yoga Utama!
Cowok hidung belang!”
“Ih, jol hidung belang sagala? Apan kana mobil Aa mah, héhé”
“Enyalah kumaha Aa waé!”
Ngobrol téh bari paantel sagala rupa. Bébas da di tempat kieu mah.
Euweuh nu ngalarang. Puguh kabéh jalma gé keur teu aréling di diskotik mah.
Pesenan datang. Cai amis jeung nu dirasa amis pacampur asup kana
tikoro. Teu cukup hiji. Mesen deui mesen deui. Aya kana tilu botolna béak ku
duaan. Saenggeus béak tilu botol, kuring jeung manéhna nangtung. Jogéd
nuturkeun musik, dibaturan kumelipna lampu. Matak rieut sabenerna mah. Ngan teu
karasa. Da puguh keur teu aréling. Lila kalilaan teu kuat ogé. Kuring diuk deui
di méja nomer 5. Nepi ka teu sadarna.
Keur tibra, kuring kahudangkeun ku sora botol peupeus. Yoga
kagéloan, leungeunna ngopépang ka awéwé pamawaan batur. Yoga dibawa ku security, dibawa ka pos. Najan kuring
keur lieur, tapi maksa nuturkeun ti tukang.
“Ari Aa kunaon?”
“Biasa atuh, Cit, hiburan, héhé”
“Kabiasaan pisan, ih! Teu ka sasaha leungeun téh!”
“Lain kitu ih, ari diharéwosan tiheula piraku teu ditémbalan? Éta
mah lalaki nu mawana wé babarian. Da milik babarengan atuh di diskotik mah!
Siga nu kakara waé”
“Atuh ari kitu mah Citra gé milik babarengan?”
“Henteu atuh, Citra mah milik, Aa, héhé” sungutna bau alkohol.
“Urang lajeng waé yu?”
“Lamun alim kumaha? Héhé” ceuk kuring imut.
“Hemmm, kumaha, nyaaa” ngahaja ngomongna siga nu ngolo.
“Haha sok lebay si Aa mah! Hayu atuh, kaburu caang!”
Mobil di parkiran aman aya nu ngajagaan. Kuring jeung manéhna asup
ka jero. Ayeuna AC teu dihurungkeun. “Hayang ngarokok” paménta kuring.
Mobil maju lalaunan. Nepi portal, manéhna mikeun duit duapuluh
rébuan salambar keur tukang parkir.
“Punten sakedik, Mang. Nuju aya balanjaeun heula!”
“Muhun kasép, teu sawios. Nuhun. Kadé di jalanna”
Piriwit ditiupan. Tukang parkir leumpang ka tengah jalan, nempoan
bisi aya motor atawa mobil nu ngagokan. Geus kolot katempona mah. Katémbong
tina paroman jeung huisna nu kalaluar tina topi lusuh nu dipakéna.
“Nuhun, Mang!” ngomong téh bari mencét klakson mobil dua kali.
Mobil maju deui. Rada tarik ayeuna mah, teu siga inditeun ka
diskotik. Sajajalan kuring jeung manéhna ngomong ngalér-ngidul. Teuing
ngomongkeun naon, da moal inget keur kaayaan kitu mah. Nu aya mah ngeunah
kaangin-angin. Ngan mindengna dipungkas ku seuri nyakakak, teuing naon nu lucu.
Barina gé keur teu éling duanana gé! Basa mobil gagaléongan gé teu karasa
was-was saeutik-eutik acan. Nu aya mah saleuseurian wé, silihpoyok.
“Ayeuna kaaa manaeuuun, Ciiit?”
“Kumahahaa Aa wééé... Citttrraa mah pasrahhh...”
Mobil eureun di hiji hotél nu anyar jadi di tungtung Jalan Merdéka.
Mobilna teu diparkirkeun ku sorangan. Nitah ka juru parkir. Manéhna leuwih ti
heula muru résépsionis.
“Yangg biaassa ajah, Mbaa”
“Silahkan bisa langsung ke kamar nomor J30, Mas. Ini kuncinya.”
“Makasihh”
Kuring ditungtun ku manéhna. Tapi kuring mah geus rada sadar. Da
manggihan caang.
Di hotél éta lain kuring hungkul nu paduduaan téh. Tapi loba pisan!
Malah aya nu geus bapa-bapa gé nunungtun awéwé sapantaran kuring.
“Geus kolot téh lain geura tobat!” ceuk kuring lalaunan.
“Naaoon, Citt?” manéhna nanya.
“Henteu, A. Tiris.” waler kuring.
Sup ka kamar. Manéhna asup ka kamar cai. Kuring langsung
ngadeukeutan eunteung.
“Iraha éling téh, Cit?”
bari mukaan baju saeutik-saeutik.
“Hayu, Cit!” ngomong téh bangun teu sabar.
Ayeuna duanana geus teu maké kaén salambar-lambar acan. Barang
dituruban ku simbut. Ngong pisan sora adan kadéngé ti luar hotél.
“Kang, ulah dilajengkeun, nya. Pamali. Antosan sakedap, Rucita badé
salat heula”
Tamat
Dimuat di Manglé No. 2562.
No comments:
Post a Comment